Jumat, 04 April 2014

Arti / Pengertian Tasyakur, Tafakur, Tadzakur

Bismillahirrahmanirrahim,

Kuring  arek nulis ngeunaan Tilu T. Naon ari Tilu T  teh, jeung timana kuring meunang eta tema. Mimiti kuring arek nyaritakeun heula ngeunaan timana kuring mangihan ieu pamikiran. Ari asalna mah kuring manggihan ieu ide teh tina minengna kuring ngadengekeun wayang, nepika dina hiji wanci kuring ngadenge ieu Tilu T. Jadi ieu Tilu T teh lain asli pamikiran kuring tapi pngdenge tina wayang, tapi da teu goreng meureun upama ku kuring dituliskeun ieu pamikiran

Tilu T nyaeta singkatan tina tilu pamikiran nyaeta Tasyakur, Tafakur, reujeung Tadzakur. Urang bahas hiji hiji.

Mimiti Tasyakur, naon ari tasyakur teh ?. Tasyakur nyaeta kalakuan (Syukur) anu kudu dilakukeun ku urang ka gusti Allah kusabab urang nggeus dipasihan ni'mat anu seueur pisan jeung moal kaitung jumlahna. ari wiruga syukur ieu bisa loba, aya anu warugana teh langsung ka gusti Allah, aya anu teu langsung ka gusti Allah ( ka sasama manusa). Anu langsung ka gusti allah contona mah tafakur, jeung tadzakur eta, ari nu teu langgsungna mah bisa mangrupakeun shodaqoh, zakat, mere kabagjaan ka sasama, jeung nu sejenna.

 Anu kadua nyeta Tafakur, naon ari tafakur teh ? Tafakur asal katana tina kata fakara, nyaeta mikir mikir. Kusabab kitu tafakur ngabogaan maksud urang mikir mikir kana kakawasaan Allah, jeung mikir mikir yen saenyana Allah maha kawasa jeung maha pangasih.

Nu katilu Tadzakur, asal katana tina dzakara, anu pihartieunna nyaeta nyebut, maksudna nyaeta urang loba nyebut kana asma Allah bisa ku istighfar, tasbih, tahmid, jeung nu sejenna. Tapi ari tadzakur nu utama mah tdzakur ku sapinuh hate jeung kalakuan, henteu ngan ukur ku lisan atawa ucapan. Tapi sakurang kurangna ku ucapan eta.


Kunaon jeung kunaha kuring nuliskeun tilu T teh, ari sabab musababna tilu T teh moal bisa dipisah pisah kudu sareundeuy saiket upama hayang meunang kabagjaan. Hayu urang amalkeun eta tilu T teh.

Ku : Degun007

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template