Selasa, 21 September 2010

Piwulang Utama Sunda

Mun geus nyaho ulah poho, tangtu moal kabobodo. Mun geus ngarti ulah lali, pinasti moal pahili. Lamun rasa geus rumasa, kade ulah asa-asa, hirup moal katambias. Mun geus iman ulah mangmang, moal kagembang ku nu herang – Kalau sudah tahu jangan lupa, maka tidak akan tertipu. Kalau sudah mengerti jangan lupa, takdir tidak akan tertukar. Kalau perasaan sudah punya rasa, jangan ragu-ragu, hidup tidak akan tersisihkan. Kalau sudah beriman janganlah ragu-ragu, tidak akan tertarik oleh gemerlapnya keduniawian.
Bejakeun nu saenyana jeung sajujurna yen rasana uyah teh asin – Katakanlah dengan sebenar-benarnya dan sejujur-jujurnya, bahwa rasa garam itu adalah asin (Berkata benar dan jujur).

Tiis ibun ampih pikir; nyaho ka badan pribadi, tangtu nyaho Ka-Islamanana. Sing karasa sing kapanggih, ari anu tujuh lawang jadi RATU, aya dina diri – Sejuknya embun dan tenteramnya pikiran; tahu akan keadaannya sendiri, tentu tahu akan ke-ISLAM-annya. Supaya terasa dan agar ketemu, bahwa tujuh pintu untuk menjadi kekasih TUHAN itu ada di dalam diri pribadinya.

Jisim ngarasa nyeri, raga ngarasa lara, hate ngarasa cape. Hareudang nyandang wiwirang, perbawa hawa napsu, ujub sub’ah takabur, jeung ria panggoda setan – Diri merasa sakit, badan terasa merana, ati merasa capek. Gerah karena harus menanggung dosa yang memalukan, dikarenakan terbawa nafsu, ujub sok, sub’ah, takabur dan ria, karena godaan Syaithan.

Mun jaga maraneh jadi PAMINGPIN, kudu mibanda JIWA WIBAWA, KOMARA, jeung langkahna panceg dina GIRI JALADRI, SURTA PAWAKA, Nu kitu disebut JIWA AGUNG, ADIL PARAMARTA - Kalau nanti kalian diangkat menjadi PEMIMPIN, haruslah memiliki JIWA yang ber-WIBAWA, memiliki charisma KOMARA, dengan langkah yang mantap panceg dalam GIRI JALADRI, SURTA PAWAKA, Itulah yang disebut JIWA AGUNG, ADIL PARAMARTA. (Menegakkan Keadilan itu adalah jauh lebih luhur daripada menegakkan Hukum; menegakkan hukum, hanyalah merujuk pada pasal tertentu hukum perundang-undangan, yang bisa dikomoditikan; jika menggunakan pasal yang ini, hukumannya begini, dengan menggunakan pasal yang itu hukumannya begitu, jadi bisa diatur dan ditawarkan kepada pihak siapa yang akan dibela dan pihak mana yang harus ditolong, tetapi menegakkan keadilan itu tidak dapat dijual-belikan, dan harus dengan menggunakan perasaan – rasa keadilan, MK).

Pangkat ukur pupulasan, banda ngan ukur titipan; nyawa ukur gagaduhan. Tetela jeung rumasa, manusa tuna kaboga - Pangkat hanyalah hiasan bedak, harta benda hanyalah titipan, nyawa hanya pemilikan sementara. Jelaslah dan rasakanlah bahwa manusia itu tidak punya apa-apa.

Lauk laut mah, sanajan hirup dina cai asin, tapi rasa dagingna teu kabawakeun asin. Pieunteungeun – PAMADEGAN – Ulah kapangaruhan lingkungan, tong rempan katiup topan, ISTIQAMAH ulah GOYAH - Ikan laut itu, walaupun hidup di dalam air yang masin, tetapi rasa dagingnya tidak terbawa jadi asin. Untuk dijadikan contoh bahwa – PENDIRIAN itu – jangan terpengaruh oleh keadaan lingkungan (yang buruk), jangan khawatir karena tertiup taufan, tetaplah ber- ISTIQAMAH dan janganlah goyang.

Mas perak inten juminten, jamrut yakut, berlian kancana wulan; merah delima sutrajingga, rinukmi biduri asri. Eta perhiasan alam endah, tapi perhiasan nu leuwih endah mah ISTRI NU SHALEH, Mustika anugrah Allah - Mas perak intan berlian, jamrut yakut, berlian kancana wulan; merah delima sutrajingga, rinukmi biduri asri. Itulah perhiasan alam dunia yang indah, tetapi perhiasan nu lebih indah lagi sih ISTRI yang SHALEH, Mustika anugerah Allah.

Singgetna; hirup ngan sapoe sapeuting, sabab, umur diburu ku waktu. Waktu nu beurang nu mana, waktu peuting nu mendi, urang dimangsa ajal? Numatak beurang peuting salilana kudu eling – Singkatnya, hidup ini cuma sehari satu malam, sebab umur itu dikejar oleh waktu. Waktu siang yang mana, malam yang mana, kita akan menemui ajal? Oleh karena itu siang dan malam harus selalu dan selamanya sadar dan ingat (berzikir kepada Tuhan Maha Kuasa).

Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? tina diri sorangan. cirina satangtung diri. pek geura panggihan diri manehteh, ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan.

Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa.

Minggu, 05 September 2010

NADOM / PUPUJIAN ISLAM BAHASA SUNDA




Nadom Pupujian Sunda Islami



1. Kautamaan Solat Berjamaah

Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang solat berjamaah ……………
Estu kawajiban urang ker di dunia
Kanggo pibekelen jaga di akherat
Anu ngalanggengken solat berjamaah
Eta aya lima rupa kauntungannana
Hiji dilengitkeun kapakirannana
Dua dilengitkeun siksaan kuburna
Tilu dibere buku tikatuhuna
Opat bakal ngaliwatanna cukangna
Cara kilat nyamber bawaning kilat lepasna
Lima teu dihisab asup ka surgana.

2. Babawaan Kajero Kubur

Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul
Hiji sodakoh jariah iklas kerna Allah
Dua gaduh elmu manfaat sarta dialap manfaat
Tilu gaduh putra anu soleh ngadoakeun te weleh-weleh
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.

3. Ciri nu Ngabakti Kayangwidi

Sorban sanes ciri haji sanes ciri pa kiai
Tapi sorban ciri lalaki nu ngabakti ka yangwidi
Jilbab sanes ciri santri sanes ciri bias ngaji
Tapi jilbab ciri istri nu ngabakti kayang widi
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.
Dosa abdi pami ditimbang ibarat budah lautan
Ibarat gunung anu luhur sarta meni ageng pisan
Saenyana eta malaikat ngabeberkeun dua jangjangna
Maka eta digampilkeun asup ka surga nu langgeng.

4. Tobat ka Gusti

Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh pangeran abdi sanes ahli surga
Namung teu kiat kanaraka teu ka duga
Lain tobat abdi the hampura dosa
Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.

5. Sarat Wajib Saum

Ari sarat wajib saum
Sing apal heh sepuh anom
Aya lima hiji islam
Dua mukalap multalajam
Katiluna kudu kuat
Opat cageur teu madorot
Lima cicing teu angkat
Lalakon dua marhalat.

6. Muji Jeung Solawat ka Nabi

Nabi urang sarerea
Kayang Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana
Arab kures nya bangsana
Ramana Sayid Abdullol
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeub di Mekah
Wengi senen tauh gajah
Medal Nabi akhir jaman
Pisan-pisan ka anehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada raruksakan
Ari bilangan taunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna.

7. He Djat Anu Kuat

He djat anu lewih kuat
Nu gagah nu perkasa
Mugia gusti ngajaga
Ti jalma anu dolim dosa
He Allah anu Maha Mulia
Ka anjeun abdi sadaya
Ibadah sakuat daya
Sareng nyuhunkeun pang raksa
He Allah anu ngamankeun
Ka abdi tina kasieun
Mugi gusti nyalametkeun
Ka abdi tinu kasiksa
Gusti Allah anu Maha Suci
Abdi seja pasrah diri
Mugi anjeun kersa nampi
Amal jeung ibadah abdi

8. Gusti Ngahampura Dosa

Yaro bibil mustopa
Balig makol sidana
Wagpirlana mamado
Yawa siar karomi
Gusti muga kanjeng Nabi
Maksud abdi dugikeun
Dosa abdi hampura
Sipat nu berehan pisan.

9. Anak Adam

Anak adam di dunia mayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunia the moal lila
Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting di centangan
Anak adam paeh anjeun te nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak adam paeh eweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boeh anu dibawa
Anak adam pasaran teu lolongseran
Saban poe saban peting gegeroan
Anak adam ayena kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran tugenah
Aduh bapa aduh ema abdi keeng
Rup kapandang rupkutaneh abdi sien
Anak adam di kubur the poek pisan
Nu nyaangan di jero kubur the maca qur'an.

10. Ka Utamaan Solat Berjamaah

Eling-eling ka jalma nu sok sarolat
Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit
Supaya menang darajat berjamaah
Berjamaah anu tujuh likur tea
Arapalkeun ku sadaya umat islam
Arapalkeun ku sadayana umat islam
Ari solat gagancangan
Geus solat tara wiridan
Tara sunat-sunat acan
Nu kitu ajaran setan.

11. Allahumma shali wassalim ala

sayyidina wa maulana muhammadin
Adadama fi'ilmilahi sholatan
daimatan bida'wami mulkillahi

12. Babawaan Kajero Kubur

Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul
Hiji sodakoh jariah iklas kerna Allah
Dua gaduh elmu manfaat sarta dialap manfaat
Tilu gaduh putra anu soleh ngadoakeun te weleh-weleh
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.

13. Ciri nu Ngabakti Kayangwidi

Sorban sanes ciri haji sanes ciri pa kiai
Tapi sorban ciri lalaki nu ngabakti ka yangwidi
Jilbab sanes ciri santri sanes ciri bias ngaji
Tapi jilbab ciri istri nu ngabakti kayang widi
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.
Dosa abdi pami ditimbang ibarat budah lautan
Ibarat gunung anu luhur sarta meni ageng pisan
Saenyana eta malaikat ngabeberkeun dua jangjangna
Maka eta digampilkeun asup ka surga nu langgeng.

14. Tobat ka Gusti

Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh pangeran abdi sanes ahli surga
Namung teu kiat kanaraka teu ka duga
Lain tobat abdi the hampura dosa
Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.


15. Sarat Wajib Saum

Ari sarat wajib saum
Sing apal heh sepuh anom
Aya lima hiji islam
Dua mukalap multalajam
Katiluna kudu kuat
Opat cageur teu madorot
Lima cicing teu angkat
Lalakon dua marhalat.

16. Muji Jeung Solawat ka Nabi

Nabi urang sarerea
Kayang Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana
Arab kures nya bangsana
Ramana Sayid Abdullol
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeub di Mekah
Wengi senen tauh gajah
Medal Nabi akhir jaman
Pisan-pisan ka anehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada raruksakan
Ari bilangan taunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna.

17. He Djat Anu Kuat

He djat anu lewih kuat
Nu gagah nu perkasa
Mugia gusti ngajaga
Ti jalma anu dolim dosa
He Allah anu Maha Mulia
Ka anjeun abdi sadaya
Ibadah sakuat daya
Sareng nyuhunkeun pang raksa
He Allah anu ngamankeun
Ka abdi tina kasieun
Mugi gusti nyalametkeun
Ka abdi tinu kasiksa
Gusti Allah anu Maha Suci
Abdi seja pasrah diri
Mugi anjeun kersa nampi
Amal jeung ibadah abdi

18. Gusti Ngahampura Dosa

Yaro bibil mustopa
Balig makol sidana
Wagpirlana mamado
Yawa siar karomi
Gusti muga kanjeng Nabi
Maksud abdi dugikeun
Dosa abdi hampura
Sipat nu berehan pisan.

19. Anak Adam

Anak adam di dunia mayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunia the moal lila
Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting di centangan
Anak adam paeh anjeun te nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak adam paeh eweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boeh anu dibawa
Anak adam pasaran teu lolongseran
Saban poe saban peting gegeroan
Anak adam ayena kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran tugenah
Aduh bapa aduh ema abdi keeng
Rup kapandang rupkutaneh abdi sien
Anak adam di kubur the poek pisan
Nu nyaangan di jero kubur the maca quran.

20. Ka Utamaan Solat Berjamaah

Eling-eling ka jalma nu sok sarolat
Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit
Supaya menang darajat berjamaah
Berjamaah anu tujuh likur tea
Arapalkeun ku sadaya umat islam
Arapalkeun ku sadayana umat islam
Ari solat gagancangan
Geus solat tara wiridan
Tara sunat-sunat acan
Nu kitu ajaran setan.

21. PUPUJIAN KANGJENG NABI

Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah

Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan

Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi

Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur

Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat

Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis

Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana

Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran

Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan

Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana

22. ÉLING-ÉLING DULUR KABÉH

Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati

Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat

Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung


Catetan ....editan masih tumpang tindih sareng double....
Nyuhun di hampura lur...

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template