Kamis, 24 Juni 2010

Arsitektur Sunda








Ciri Wangunan Adat/Has Sunda




Panggung

Ciri has imah Sunda nyaéta panggung (aya kolongna). Bedana jeung imah panggung sélér bangsa séjén (Batak, Dayak, Minangkabau), nyaéta kolong imah Sunda mah henteu pati luhur (40-60cm), siga kolong imah urang Jepang. Upama aya imah di Tatar Sunda anu lain panggung, tapi ngupuk saperti di daerah Tatar Kalér eta mah pangaruh Budaya Jawa.



Suhunan/Hateup

Suhunan jolopong: suhunan nu lempeng. Mun basa Indonesia mah, atap pelana. Siga pelana kuda. Bisa disebut oge suhunan panjang, gagajahan, jeung régol.





Jogo Anjing: Wangunan anu bentukna siga anjing keur jogo. Suhunan hareup (nu siga bangus anjing) ngiuhan émpér imah.



Badak heuay: Dedegna imah badak heuay rada deukeut ka jogo anjing, ngan luhureun sirahna aya ceulian-susuhunan tambahan, kahareup.





Parahu kumureb: Potonganana siga tangkuban parahu pisan, trapésium tibalik.




Capit Gunting: Potongan imah anu tungtung suhunanana maké kai atawa awi dicagakeun saperti gunting rék nyapit.



Julang ngapak: Julang ngapak mun ditempo ti hareup, suhunan kénca katuhuna siga jangjang manuk, julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy. Sambunganana di tengah, maké tambahan siga gunting muka di punclutna.




Buka palayu: suhunan siga imah Betawi aya téras panjang di hareup.

Buka pongpok: rada mirip buka palayu, ngan pantona dirobah ka arah jalan





Ciri Sejen
Ciri sejenna ayana capit hurang (cagak gunting), nyaéta babagian tungtung hateup (suhunan) anu dirupakeun cagak atawa bisa oge saperti tanduk munding, malah aya anu dibuleudkeun , biasana tina kai, atawa awi anu dibulen ku injuk. Gunana cagak gunting diantarana pikeun nyegah cai hujan bocor ka jero imah, jadi siga pungsi talang. Jaba ti éta cagak gunting téh dianggap ogé ngandung tanaga gaib pikeun nyegah pangaruh négatip.

Ari wangun imah, biasana pasagi panjang. Lanténa make palupuh awi, bilikna tina awi dianyam atawa ku sasag. Rangkay imah dijieunna tina kai. Maké tatapakan tina batu. Rohangan imah dibagi nurutkeun babagian anu husus. Nyaeta bagian hareup tepas (émpér) pikeun ngumpulna semah lalaki. Enggon (kamar saré) jeung bagéan dapur (hawu jeung padaringan gudang tempat neundeun béas = pabéasan), bagean tukang ieu mah pikeun awéwé. Pangpangna padaringan (goah, pabéasan) kacida dilarangna lalaki asup ka daérah éta.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template