Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Beklen

Kali-kali Konéng

Béntang di langit baranang. Bulan buleud belenong sagedé piring. Najan peuting, kaayaan caang ngempray teu béda ti kaayaan beurang. Barudak di lembur, sabubarna ti pangajian téh teu buru-buru sararé, tapi ngadon arulin heula di buruan. Arulin sasukana sakaresepna, ngabubuhan sapantar sapantar. Imok, Iyot, Odang, Éja, Wéwén, Dasih, Kacih, Dar'ah jeung Saman ngariung di buruan. Riuanganana ngawangun buleudan. Leungeunna pacekel-cekel. Mun dina acara kaulinan pramuka atawa olah raga mah "membentuk lingkaran". 

"Kabeneran awéwéna aya genepan, ari lalakina aya tiluan, nya?"cék Imok ka batur-baturna." Urang Kali-kali konéng, raresep maranéh?"
"Resep! Resep! Resep!" témbal baturna mani raéng. "Heug atuh ari resep mah, ku kami rék dibilangan heula, ditunjukan bari dikawihan, déngékeun!' cék Imok bari clé nangtung di tengah-tengah buleudan, kawas guru rék mingpin kaulinan murid. "Saha-saha anu katunjuk pangpandeurina bareng jeung tungtung kawihna, éta nu jadi tukang ngalina, nya!" "Enya, enya, ngarti!" témbal batur-baturna bari rada mundur ngarah buleudanana rada ngagedéan.
"Geura pok atuh ngawihanana!"
"Ké, déngékeun!" cék Imok bari ngong ngawihan dibarengan nunjukan batur-baturna nu geus alijigimbrang.
"Cing cangkowék
jambu bitung jambaria
cicing di nu poék
irung mancung aya nu nyampa!"
"Si Odang tukang ngali! Si Odang tukang ngali!" cék sareréa. Lantaran nya manéhna nu katunjuk bareng jeung tungtung kawih téa.

Odang teu kalékéd, clé ka tengah ngaganti Imok. Jleng ngajleng ngadeukeutan Si Wéwén. Gog cingogo, bari cukal-cokél, kurah-koréh kana taneuh deukeut indung suku Wéwén, sarta ngomong ngecewis, pokna, "Kali-kali konéng, kali-kali konéng. "
Ditaranya ku batur-baturna anu narangtung, "Naha konéng aing dikali?"
Ditémbalan deui ku Odang, "Piubareun budak!"
Ditanya deui, "Naon budakna?"
"Hulu lisung!"
"Naon pangasuhna?"
"Jurig beureum kukuncungan!"
"Iiiiy........kasieun uing!" cék batur-baturna bari buriak tina buleudanana.

Tapi teu lila gancang kumpul deui, sarta Si Odang tuluy pacekel-cekel mangrupa buleudan deui, sarta Si Odang tuluy nepakan taktak babaturanana
dipapay saurang-saurang bari ditanya,
"Ieu sampayan naon?"
"Sampayan baju!" témbalna. Pindah kana lebah siku,
"Ieu sampayan naon?"
"Sampayan karémbong!"
Tuluy nepak kana peupeuteuyan,
"Ieu sampayan naon?"
"Sampayan oray!"
"Ka dieu aya jalan?"
"Euweuh, aya ogé tegalan cucuk salak!"
"Ka mana atuh ari jalan ka luhur?"
"Ngapung!"
"Ka mana jalan ka handap?"
"Nerus bumi!"

Geus kitu Si Odang ajol-ajolan kawas nu rék ngapung, padahal ngawahan néangan pijalaneun keur lumpat kaluar tina buleudan. Rék ngajleng hésé, rék ngaléngkah teu bisa da puguh pager buleudan batur-baturna beuki parageuh, kékép kawas ranté. Rék moncor teu bisa lolos, kalah ngudupruk da babaturanana leuwih gedé tanagana jeung pinter ngahalangan. Tapi lila-lila mah Si Odang bisa ogé ngencar tina kurungan da ranté baturna kabeneran aya nu lesot atawa pegat, da hantem diteumbragan ku Si Odang.

Sanggeus Si Odang leupas, rareureuh sakeudeung. Der ngariung deui.
Giliran Éja ngawihan ti jero buleudan, pokna,
"Cing cangkowék jambu bitung jalan besar cicing di nu poék irung mancung aya nu nyakar!" Geus kitu, cara iangan kahiji baé, nyebut kali-kali konéng, disambung ku silihtanya, silihjawab téa, sarta ngencar tina bébénténgan buleudan téa. Geus carapéeun mah heureuyna kakara areureun.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template