Usum halodo kasorénakeun. Sanggeus réngsé kukumbah wadah urut dahar soré, barudak awéwé sok arulin di buruan nu lega. Nya kitu harita ogé di buruan Abah Marsan, anu lega bari lalening lalénglang, barudak awéwé geus karumpul.
"Urang bubuyungan téa nya?" Empar, budak panggedéna nyarita ka babaturanana.
"Enya nu geus dibadamikeun téa, tadi basa keur ngarit," témbal Iyot.
"Tuh geuning geus loba baladna, nungtut daratang!"
"Uing milu! Uing milu! Uing hayang milu ka Iyot. Uing hayang jadi anak Empar!" cék barudak awéwé ribut bari silih tangkeup, sagunduk-sagunduk ngawangun regu. "
"Tong raribut teu puguh, ulah waka parebut indung! Ambéh teu sisirikan mah mending "suten" heula baé duaan-duaan, ke gegedugan ku kami!" cék Empar bari nyangharéup ka Iyot, ngajak suten.
"Suuut-suuut........!" Empar jeung Iyot sorana ngahéos sada ngahuit, bari leungeun katuhuna dikatukangkeun, tuluy ka hareup, siga rék diadukeun. Iyot nunjukkeun cinggirna, ari Empar indung leungeunna.
"Meunang uing lah, sireum ngalawan gajah!" cék Iyot bari ajrag-ajragan.
“Sok saruten kabéhan, nu meunang ka uing, nu éléh ka Empar!"
Breng barudak nu séjénna saruten duaan-duaan. Kabéhanana aya sapuluh urang. Atuh kabeneran jangkep jadi genepan jeung indung dina sareguna.
"Uing regu ka hiji, nya! Manéh ka dua nya Empar! Teu kudu suten deui!"
cék Iyot.
"Heug baé lah ambéh téréh," témbal Empar. Pek geura nyieun kalangna!" Iyot katatang-kotéténg néangan rokrak pikeun nyieun kalang. "Tah manggih rokrak alus yeuh rada seukeut, ké uing kalangna beulah dieu nya,
beulah wétan, Empar beulah kulon!"
"Pek baé lah, kumaha manéh baé, uing mah sagala ngéléhan manéh da rumasa bieu éléh sutenna!" cék Empar rada baeud.
"Ulah leutik haté kétah, pédah éléh suten, boa engké, sugan baé aya milik!" cék Itoy balad Empar ngagedéan haté.
"Heueuh nya!" témbal batur-baturna méh bareng bari alijigimbrang hayang geura der bubuyunganana.
Empar ogé ngagurat nyieun kalang tina tungtung buruan beulah kulon. Tuluy anak buahna ngajajar sapanjang kalang, Itoy, Enas, Uning, Wari jeung Uun, nyanghareup ka wétan. Dina kalang beulah kulon téa. Wati, Inoh, Icah, Apong jeun Idah geus teu genah cicing hayang geura prung.
Anggangna ti kalang ka kalang téh aya kana 12 méterna, rék sarua jeung lapang bulutangkis.
"Awas nya, ulah némbongkeun semu, ulah umat-imut, renya-renyu teu puguh, lamun leungeun manéh pareng kaeusian batu leutik ku uing téh, bisi gampang kateguhna ku indung musuh!" cék Iyot kawas komandan maréntah ka anak buahna.
"Moal! Moal!" baladna réang némbalan bari ngabaris dina kalang, sarta leungeunna digarandongkeun ka tukang kawas barisan anu keur diistirahat- keun.
"Urang der nya!" cék Iyot.
"Pek lah!" témbal Empar ti barisan kulon.
Iyot mimiti mapay-mapay leungeun baladna anu dikatungkangkeun téa. Salah saurang di antarana aya nu diasupan batu leutik anu kudu diteguh ku Empar di saha-sahana éta batu disimpenna. Inoh rada lila dikuruwek-kuruwek leungeunna ku Iyot, padahal mah mangrupa tipuan, nunda semu, ambéh disangka batu téh disimpenna di dinya, padahal di nu séjén.
"Pris, geura teguh!" cék Iyot, "di saha batu dikeupeulkeunana.”
Leng Empar mikir bari melong balad musuhna sugan aya nu béda semuna, sugan gampang kateguhna.
"Icah lah!" cék Empar ngagentak. Maksudna neguh batu ayana dina leungeun Icah.
"Lain! Da ieu di uing!" cék Apong bari ranggah, nembongkeun batu, aya dina keupeulan manéhna.
Empar salah neguhna. Apong kudu ngajleng ka tengah, maju ti babaturanana saléngkah. Mani ngawahan heula ka tukang méméh ngajleng téh. Apong geus aya dina kalang tengah, ngangseg kana kalang musuh. Pék deui lyot cara tadi ngaguriwek-guriwek dampal leungeun anak buahna, dipapay, tuluy diteguh deui ku Empar. Iangan ieu Empar bener neguhna, nya éta ka Wati. Atuh Wati mah teu bisa ngajleng cara Apong, angger cicing dina kalang kahiji.
Giliran Empar ngaguriwek-guriwek dampal leungeun anak buahna, sina diteguh ku Iyot.
"Sok, saha?" cék Empar nitah neguh ka lyot.
"Enas!" cék Iyot.
"Lain da uing! Ieuh buktina!" ceuk Uning bari nembongkeun batu leutik. Uning ngajleng salengkah ka tengah.
Lila ti lila silih teguh silih angseg, barisan lyot rada heula ka hareupna. Ari rék kana "garis pinis' pisan, Iyot neguhna mindeng nyalahan. Sedengkeun barisan Empar geus réngsé ngarajleng bari nyicingan kalang nu Iyot di sisi beulah wétan téa. Atuh lain dikieuna balad Empar jaligrah pisan pédah meunang dina iangan kahiji. "Sabuyung! Sabuyung! Urang meunang! Urang meunang! Hoyah, urang gandong! Urang gandong!” cék balad Empar.
Regu Iyot kapaksa sumérah kudu ngagandong layanna saurang-saurang. Digandong dipindahkeun ka kalang beulah kulon.
Bubuyunganana néma kana iangan ka dua, jadi malik, asal nu beulah wétan kudu baris di beulah kulon. Kitu baé meunang sababaraha rintakan. Eureun-eureun sotéh kaburu kasapih ku Magrib, digeroan ku kolot-kolotna sina geura warulu tuluy ngaraji ti tajug.
0 komentar:
Posting Komentar
Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini