Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Congklak

Congklak

Congklak nyaéta kaulinan maké papan kai dieusi kewuk. Geus aya lombang-lombangna 7, ngajajar. Di hareupeun lombang 7 gé aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna, éta lombang téh dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa baréto mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batu laleutik.

Cara maén :
Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gedé minangka lombang rajana mah henteu dieusian, dipaenkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabéh lombang leutik dieusian, tuluy salahsahiji nu maén nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka béakna siki. Giliran ieu nu lombang gedé (tabungan manehna, nu beulah kencaeun nu maén) gé dieusian sasiki, lasutna téh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "némbak", siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maén éta. Nya geus kitu mah bagilir bagéan pamaén lawanna da lasut téa.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template