Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda- Alung Boyong

Sakapeung mah hawa di pilemburan téh sok kacida tirisna. Pikeun nyieuhkeun katiris téa barudak sok arulin di buruan anu rada lega. Kaulinanana nu rada énténg tapi ngaluarkeun tanaga nepi ka awak jadi haneut, nya éta boyong gandong. Jajauheun ari matak juuh késang mah. Ieu mah sakadar ulah ngahodhod kawas anu kabulusan wé.Saméméh prung budak anu jadi luluguna nyieun balbalan heula ku lamak butut. Dibuleud-buleud tuluy dibakutet ku tali malar pageuh teu babari udar.

Baladna dibagi dua jajar. Balad jajaran kahiji ngajréngjréng di beulah kidul, balad kadua di beulah kalér, paharéup-haréup jeung balad kahiji. Sukuna narincak kana kalang nu anyar digurat.
Kabeneran anu arulin téh aya sapuluh urang, jangkep. Jadi sabaladna opat-opatan kalima lulugu.

"Uing hayang ka Épon! Uing hayang ka Épon!" cék sawatara barudak paribut bari maruru nangkeup Épon anu anggeus nyieun bal-balanana.
"Ih, ke lanan!" cék Épon. “Ulah licik pada hayang jadi balad uing kabéh. Engké bisi moal puguh!"

"Heueuh, ambéh teu beurat sabeulah!" cék Enoy, pilulugueun nu kadua. Mending urang tunjukan bari dikawihan. Anu katunjuk lebah "teung" éta balad uing, nya?"
"Pék baé, kitu ogé!" cék Épon, bari metakeun baturna rada ngariung. Pok Enoy ngawih bari nunjukan,
"Tok tar taliung tali eunteung tai kotok dina gantar
diriung ku adi beuteung!"
"Ijah ka uing!" cék Enoy bari nungtun Ijah sina nangtung di tukangeunana. Pok deui ngawih bari nunjukan nepi ka opat balikan malar beunang balad opatan. Nu jadi balad Enoy nya éta, Ijah, Tarsih, Uén jeung Ibuy, ari balad Épon, Euis, Imon, Iyut jeung Ipah.
"Adil kieu mah nya, teu galedé sabeulah teu leutik sabeulah, nu gedéna duaan-duaan nu leutikna nya kitu kénéh!" cék Épon.
"Heeh, kawas beunang ngahaja!" témbal Enoy. “Cig geura ngajajar dina kalang beulah kalér!" Enoy nitah ka Épon jeung baladna.
Balad Épon ngajajar beulah kalér, dina kalang téa. Balad Enoy dina kalang beulah kidul. Sanggeus paharéup-haréup, tuluy luluguna suten.
"Hiji, dua, tilu!" cék Épon, ngaluarkeun cinggirna ari Enoy indung leungeunna.
"Uing nu meunang, sabab gajah mah éléh ku sireum!" ceuk Épon jigrah. Ari ceuk Enoy, "Har, apan indung leungeun mah gajah, moal enya éléh ku
sireum, cinggir?"
Épon, "His, indung leungeun mah gajah, éléhna ku sireum, cinggir. Sireum éléhna ku jelema, nya éta curuk, engke jelema kakara ku gajah apan!"
"Aéh enya nya," jawab Enoy bari seuri.
Belenyeng Épon lumpat ka tungtung kalang baladna beulah katuhu.
"Uing nu ti heula ngalung balna. Manéh nu nampan, nya!" cék Épon ka Enoy.
"Heueuh!" témbal Enoy bari indit kana tungtung kalang kéncaeun
baladna, nyanghareup Épon anu anggangna aya kana 8 méterna.
"Awas urang mimitian, yeuh tampanan balna!” cék Épon bari ngalungkeun balbalan ka Enoy, ku Enoy kasanggap, ber dialungkeun deui ka
balad Épon. Ku Iyut disanggap, ber dialungkeun ka Ijah, lawanna. Ijah kurang tapis, balna teu katéwak, lasut.
"Horéh, urang boyong! Uing gandong!" cék balad Épon raéng bari alajrag-ajragan pédah meunang.

Balad Enoy kapaksa kudu ngaboyong, salayanna-salayanna digandong dipindahkeun tina kalang beulah kalér ka beulah kidul. Balad Enoy diandih tempatna ku balad Épon.
Geus kitu prak deui silih alung silih sanggap balbalanana. Angger, saha- saha anu teu bisa nampanan bal jadi kudu ngagandong balad musuhna.

Sanggeus meunang 9 - 10 balikan karasaeun capéna, kakara ulinna arenggeusan, diluluguan ku Enoy bari lumpat, "Beungbeung euy, beungbeung!”
"Beung kahiji jadi haji," cék Épon bari nepakan hariguna balas ngagandong Enoy nu gembrot.
"Beung kadua jadi raja!" cék Ijah.
"Beung katilu jadi ratu!" témbal Euis.
"Beung kaopat jadi ménak!" cék baturna, bari buriak lalumpatan rék baralik ka saimah-imahna.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template