Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Ciciputra ciciputri

Pacici-Cici Putri

Bada Isa Mang Sa'i diuk di tengah imah bari ngabaheuhay, sukuna nyanghunjar lambar, ngareureuhkeun capé tas baranggawé. Pamajikanana keur ngécos, ngérodan baju barudak na deukeut cempor.
"Cing Inah aya kénéh bubuy sampeu téh?" Mang Sa'i ka anakna nu cikal, anu umurna nincak 8 taun jalan.
Inah ngaléos ka dapur, hideng mangnyokotkeun bubuy sampeu tina catang hawu, citéh haneut dina téko jeung gula beureum meunang ngurud, dipiringan. Golosor dikahareupeunkeun bapana.
Indungna jongjon kékécos, bapana jongjon ngopi cacamuilan, bubuy sampeu dicocolkeun kana kurud gula disurung ku citéh haneut. Sakeudeung sakeudeung diselang ku imut ngagelenyu, ngadéngé barudakna sadulur-dulur, Inah, Titi jeung Didi ngariung di juru imah, anteng pacici-cici putri. Pikaseurieun ku kekecapan Inah, anu jadi luluguna.
Inah jeung Titi diukna émok, Didi sila andekak.

Dampal leungeun Titi jeung Didi disodorkeun duanana kénca-katuhu, ditangkubkeun sina antel kana palupuh, tuluy ditunjukan, ditetel-tetel ku curuk Inah bari ngawih:
"Pacici-cici putri
térélék kembang celempung ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa........?"
"Hayang kembang naon?" cék Inah nanya ka Titi bari nyekel kana leungeun katuhu Titi.
"Hayang kembang sebé........!" témbal Titi.
"Heeh........kabogohna ka anak Mang Lebé ... !" ceuk Inah bari tuluy nyekel leungeun katuhu Titi téa sina nyangsang kana taktak.
"Héhéhéh........" Didi seuri. “Aduuuh........ kabogohna anak Mang Lebé cenah .... ! Héhéhéh ....”
"Keun baé atuh, naha........!" cék Titi anu boga rasa dijangjaruhkeun, bari seuri merong ka Didi.
"Sok urang tuluykeun........!" cék Inah bari ngawih deui:
"Pacici-cici putri
térélék kembang celempung ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa?
"Hayang kembang naon?" bari nyekel leungeun Titi nu kénca.
"Hayang kembang bakung........!" cék Inah bari menerkeun leungeunna sina nyekelan taktak anu sabeulah deui.
"Heeh, kabogohna Tua Kampung."
"Sing rékép nya, ulah lésot! Ayeuna kari Didi"
Pek deui Inah ngawih saperti tadi ditungtungan ku nanya, "Hayang kembang naon?"
"Hayang........hayang........hayang .... kembang hérbras!" Didi ngajawabna rada agag-agagan.
"Heeh........alus, kabogohna urang Cibodas!" Didi jigrah, bari reureundeukan, tuluy nyangsangkeun leungeun kéncana kana taktak katuhuna, miheulaan parentah lanceukna nu ngaluluguan.
"Sok hiji deui, leungeun Didi nu kénca, encan..," cék Inah bari ngong ngawih deui. Tamat ngawih, pok nanya deui, "Hayang kembang naon?"
"Eu........eu........hayang kembang jalantir........!"
"Tah, kabogohna anu musapir!" témbal Inah.
"Ah embung nu musapir mah, da urang mah hayang beunghar!" cék Didi bari nyentak ka lanceukna.
"Heeh, heug, ganti atuh........jaga bakal jadi supir........!" cék Inah. Didi seuri atoh, indung bapana patingbelenyéh, kayungyun.
Sanggeus Titi jeung Didi pada-pada nyarangsangkeun leungeunna kana taktak masing-masing, tuluy Inah nanya deui ka Titi bari nyampaan siku, sirah, irung, panon, halis jeung buuk Titi.
"Ieu naon?" cék Inah kana siku Titi.
"Congcot!" témbal Titi.
"Ieu?" kana sirah.
"Gunung!"
"Ieu?" kana irung.
"Hawu!"
"Ieu?" kana panon.
"Lampu!"
"Ieu?" kana halis.
"Hileud!"
"Ieu?" kana buuk.
"Sapu!"
Geus kitu Titi téh sina meungpeun ku dua leungeun tuluy ditanya deui ku
Inah, "Nini! Nini! Aya Mas Giman bieu ngaliwat?"
"Aya!" témbal Titi.
"Mawa naon?"
"Mawa nangka........!"
"Nangka........raaaak........!" cék Inah bari ngajengkangkeun Titi sina nangkarak.
Barudak saleuseurian tingbarakatak. Tuluy deui Inah nanya ka Titi anu geus meungpeun sakali deui, "Nini ! Nini ! Aya Mbok Ayu bieu ngaliwat?”
"Aya!"
"Ngagandong naon?"
"Ngagandong jajamu!"
"Jamu........rauuuulll!" cék Inah.
Tuluy Titi disurakan ku Didi, "Euleuh jamuraul! Euleuh teu boga kaéra!"
"Keun baé da bobodoan barina ogé, naha........!” ceuk Titi.
"Ayeuna Didi" cék Didi bari nangkeupkeun leungeun kénéh kana taktakna sina ditataan ditanyakeun naon-naonna, tina siku dipapay nepi kana buuk ku Inah, saperti basa ka Titi. Tamat éta, Didi tuluy meungpeun, terus ditanya ku Inah, "Aki! Aki! Aya Mang Usa bieu ka dinya?"
"Aya........!"
"Nanggung naon?"
"Nanggung gula!"
"Gu........la........wing........!" Inah nyekelan leungeun Didi duanana, tuluy digulawingkeun, dijangjang-dijungjungkeun, bari nangtung.
"Aduh! Aduh! Nyeri, mani ngaderekdek ....! Luhur teuing ngajungjungkeunana Si Euceu, siah .......!” cék Didi bari lewa-lewé.
"Sugan téh teu nyeri. Maap, nya, kalepasan!” Cék Inah. “Ganti baé ku tatarucingan, saha nu pinter neguhna, cing........" Inah ngabangbalérkeun Didi anu rék ceurik téa.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template