Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Sondah

Sondah

Sondah nyaéta kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.

Cara maénkeun :

Dipaénkeun ku sababaraha urang 2-10 urang gé kaci. biasana dina taneuh diguratan heula, rék ku kapur atawa ku naon waé asal aya tapak guratna. Tempat sondahna naha rék gambar imah, atawa jelema, lamun gambar jelema, minangkana sukuna téh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak. Tuluy anderok atawa calana mun anderok samodél trapésium dibagi dua, mun calana samodél pasagi panjang sarua dibagi dua, minangka awakna paragi éngklé deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.

Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenténg. Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg, kenténgna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah téa, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maénna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak éngklé-éngkléan (kaci ku suku kénca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah anderok/calana kaci istirahat. tuluy na bagéan awak gambar éngklé deui, nepi ka sirah gambar istirahat. tuluy balik deui éngklé ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy éngklé deui, pas lebah aya kojo tea nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy éngklé deui. mun geus bérés, kojona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy we kitu.

Puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template