Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Sisireuman

Sisireuman

Dina awal taun limapuluhan, kuring sok heureuy kieu téh. Mangsa sok resep ngarit sabada budalan sakola di SD jeung reureuh sakeudeung. Acim, Ukar, Uju, Otih jeung Mari sobat-sobat medok dina waktu ngarit téh. Duka naon sabab musababna nu matak ieu kaheureuyan disebut sisireuman. Ari jigana mah pédah mirip-mirip kana kagotong-royongan atawa digawé babarengan, kawas sireum beureum dina taneuh garing ari manggihan bangké cacing sauted ogé sok geuwat néang baturna. Tuluy éta cacing sauted téh babarengan digarotong dibawa kana liang. Saha nu teu seunggah geura, tengah poé mentrang-mentring kudu ngatrok usrak-asruk néangan jukut kahalodoan. 

Ana rajeun manggih jukut nu ngémploh sajumpluk, dikepung pahibut ku genepan. Saha-saha nu rada seukeut aritna bari pinter ngaritna, nya manéhna nu gancang meunang jukut keur eusi carangka. Tapi kawegah jeung kahoréam téh bisa ilang musna kaganti ku karesep nu ngagumbirakeun. Lamun carangka kaeusian macak-macak satengahna séwang. Acim sobat nu panggedéna sok ngagegedugan.
"Urang sisireuman yu!"
"Hayu!" témbal kabéhan.
"Sakeupeul séwang baé heula nya, da jukutna keur hararése dikoréhanana! Tuh teundeun wé gundukkeun handapeun tangkal cau, ambéh kaiuhan bisi aya nu elat ngaritna. Sok urang hompimpah heula, saha nu meunang jadi indungna," ceuk Acim.

Nu genepan ngariung bari nangtung, leungeun kénca nyarekel arit dikatukangkeun, leungeun katuhu dikaharéupkeun, diriungkeun, tuluy diputerkeun bari bareng hompimpah rada dikawihkeun. "Hompimpah, waliwahompimpah........!" Nu limaan dampal leungeunna bareng ditangkarakkeun ari Ukar bet nangkub dampal leungeunna téh. "Ukar indung! Ukar indung........ Hayu urang buru-buru ngagundukkeun jukutna!" Bring pasulabrengan, nu ngalér, nu ngidul néangan jukut téh, tapi teu jauh tina tangkal cau geus ditangtukeun pikeun neundeun jukut téa.

Teu lila geus jul-jol deui daratang marawa jukut sakeupeul séwang, disaksian ku "indung" sabagé mandor. Sok jukut nu sakeupul séwang téh digundukkeun dina hiji tempat anu geus ditangtukeun téa. Lamun jukut geus aya genep keupeul kaasup meunang indung, kakara si indung téh nyalingker ka nu rada buni, nyumput, néangan jukut carulang genep gagang. Anu sagagang, tungtung gagangna dicangreudkeun. Tuluy gagangna sina rarancung ka luhur. Tuluy si indung téh dirariung ku limaan. Jukut carulang téa dikaharéupkeun. "Antaré baé nya, ulah parebut nyokot carulangna!" cék indung bari ngawih, "Nyuh, nyéh, nyuh nyéh anu sunyah ngabelenyéh, pris........!" 

Sareréa cug-ceg nyarékel carulang anu masih dikeupeul ku indung,
sagagang séwang. Barang bray ramo indung muka, ger sareréa surak, "Horseh, Otih meunang, Otih untung, Otih ayeuna indungna........!" Otih gancang ngarawu jukut nu digundukkeun ti genepan bari pasemon marahmay. Bes, bes jukut téh di kana carangkakeun manéhna. "Ayeuna mah urang dua keupeul séwang, nya!" ceuk Otih anu kapeto jadi indung sanggeus aya milik meunang carulang nu nyangreud gagangna téa
"Jadi lah ambéh téréh pinuh........!" ceuk babaturanana bari tuluy ngararit dua keupeul séwang.

Kitu jeung kitu baé meunang sababaraha entragan nepi ka saréréa pada ngarasa jadi indung. Anu pareng mujur mindeng jadi indung, carangkana téréh muncung, rancung ku jukut. Ari nu rada naas tolombongna molongpong baé. Tapi ari dina lagu balik mah, anu meunang téh tara ieuh genah-galeuh ieu aing, sok ngadagoan heula ka nu éléh, anu terus ngadeluk kénéh ngarit, bari subat- sabet, sumprang-simpreng mantuan, minuhan carangka sakeupeul-keupeuleun, nembongkeun rasa satia kawan, solidaritas........
Méméh Asar barudak téh baralik ti pangaritan semu galumbira, aya anu nyuhun carangka, aya nu ngagandong ku pangais lalayu sekar. "Isuk mah urang di Pangjebolan ngarit téh nya!" cék Mari. "Heeh, ambéh resep sisireuman dina handapeun tangkal muncang!" jawab Otih.
"Sugan pareng........!" témbal barudak lalaki méh bareng.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template