Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Sepdur

Sépdur

Sépdur sépdur
Mantri-mantri maan debur
De las depan janur
Janur janur anak panungtung di tangkep

Kawih éta dina kaulinan sépdur, saeutikna diulinkeun ku opatan tapi lamun leuwih loba nu miluan jadi leuwih ramé kaulinanana, nguntuy siga kakarétaan atawa oray-orayan. Dua jadi hulu karéta jeung gerbongna tapi lamun loba nu miluan nyaéta hiji jadi hulu karéta sésana kabéh jadi gerbong terus dua deui jadi panto kaluar asup karéta. Bari ngawihkeun eta tembang, kakarétaan éta maju kaluar asup panto. Pas tungtungna lagu (lagu rengsé) duaan nu jadi panto nangkep kana gerbong tadi. Nu katangkep jadi “ucing” ngagantian jadi panto. Kitu saterusna gogonjakan, seuseurian pinuh kubungah pas caang bulan.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template