Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Sapa punya

Sapa Punya

Maleman tanggal opat welas, cahaya bulan ngebrak caang matak resep lamun ulin, ngadon mulan di buruan. Harita ogé bada Isa, budal ti pangajian téh barudak awéwé teu tuluy waka ngarampih, tapi caricing heula dina golodog jeung balé-balé imah Ambu Édod, nu kabeneran keur émok dina samak bari nutuan seupaheun dina lolodok. "Sukur nu gareulis, nu balageur," cék Ambu Édod, mani ngariung kieu. Resep nya mulan! Ulah waka ka arimah, itung-itung maturan kami naheur cai, bari ngadagoan Abahna balik ti tajug." "Enya Ambu," témbal Yoyoh, budak nu panggedéna. "Pek atuh sing jongjon arulin, naon baé nu dipikaresep!" cék Ambu Édod. "Tah, heeh meungpeung maraké kénéh samping jeung tiung, keur ngabunianana, urang Sapa punya baé yu!" ceuk Idas nu sapantar jeung Yoyoh. Kabeneran aya sapuluh urang nya, jangkep. Jadi sabaladna limaan-limaan.
Saha nu rék jadi balad uing?"
"Uing! Uing........!" cék Nonoh, Eutik, Una jeung Éém. "Tah bener, balad uing geus aya opatan, kalima uing gegedugna!" cék Idas deui. Tinggal Wiwi, Warsih, Ojah jeung Endeung jadi balad manéh, keun baé?"
"Keun baé, mending ogé pamilihan, barucit gé sugan baé palinter," cék Yoyoh rada nyungkun. Balad uing heula nu nyumput tuluy jadi sémah. Di dinya pribumi, nya?" "Jadi kitu ogé. Jig geura nyarumput!" cék Idas. Uing sabalad-balad ngajajar di buruan ieu, nya?" Balad Yoyoh buriak nyarumput, aya nu di pipir leuit, di pipir imah béh ditu, jeung sajabana.

Balad Idas ngajéngjréng di buruan nu tadi. Teu lila jol sémah datang. Yoyoh nu jadi gegedugna téa ngiringkeun dagangan meunang nyimbutan sababaraha lapis, buni tina sirah nepi kana bitisna. Leumpangna dodongkoan, satengah ngorondang. Teu béda ti sudagar di Tanah Arab ngiringkeun kaldé. Barang srog, pok gegedug pribumi nanya, "Arep apa?" "Jual ayam!" walon gegedug semah.
"Sapa punya?"
"Inyong!"
"Brapa regané?"
"Lima suku!"
"Sapa arané?"
"Emplon," témbal Yoyoh ngabobodo. Padahal nu sabenerna mah lain Emplon nu disimbutan téh.
Tuluy Idas ngarampaan nu disimbutan téa, malah jeung bari diélékéték atawa digoda sagala rupa, malar seuri, ngarah katangén saha-sahana, supaya kari neguh ngaran anu disimbutan téh.

Lantaran henteu kagoda, kakara Yoyoh nyarita deui, "Cing hayam disada!" "Ciciricit," sorana dileutikkeun. Ku Idas teu kateguh kénéh saha-sahana ngaran anu sabenerna éta
hayam téh. "Cing kongkorongok rada bedas!" "Kongkorongoooooook ........!" hayam kongkorongok. "Si Ojah .........!" cék Idas. Bari mukakeun simbutna.
Ari dibuka bet Si Endeung, lain Si Ojah. Idas salah neguhna. "Sagantang! Sagantang! Sajendol! Sajendol! Urang meunang!" cék balad Yoyoh bari ribut tingkurunyung tina panyumputanana. Jaligrah pisan.
"Ayeuna giliran uing jadi sémah!" cék Idas bari nyéréngéh. Tuluy tingberetek nyarumput jeung batur-baturna rék tatan-tatan dagang hayam. Beuki lila beuki rada peuting nu "Sapa punya" teu pada éléh da hasilna sarua pada tilu gantang séwang. "Geus barudak geura ngarampih ulah kamalinaan teuing, geus peuting! Yeuh buruhna gula beureum sakurud séwang jeung cai haneut!" ceuk Ambu Édod jeung Abahna. Barudak ribut muru seredan dina balé-balé, tingsuruput ngarinum sakali séwang da hanaang tas capé.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template