Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Timpungan muncang

Timpugan

Pukul satu beurang Ujé jeung Usa baralik ti sakola. Bari leumpang maranéhanana badami lantaran isukna poé Minggu.
"Ari manéh kudu sabaraha iangan ngarit dina poé Minggu isukan téh?" Ujé nanya ka Usa.
"Ari biasana mah kudu tilu kali iangan, ngan kusabab aya Mang Uho, keur nyemah di landeuh bari rék bunta-bantu ka bapa uing, sagawé-gawé, nya tangtu mantuan ngarit deuih. Ku kituna cukup uing mah dua iangan ogé," témbal Usa.
"Sarua atuh ari kitu mah jeung uing," témbal Ujé semu atoh.
"Palolohor ogé jigana urang téh geus bisa ulin, nya?" bari neuteup ka Usa.
"Heueuh jigana, tapi rék ulin ka mana jeung heureuy naon atuh? Ucing-ucingan bosen, ngadu panggal geus rék teu usum. "
"Har, naha ari manéh can nyaho nu keur haneut mimiti obyag di lembur wétan?"
"Acan. Naha usum naon karah?"
"Geus mimiti ramé timpugan, kolot budak taya nu kaliwat, pada-pada pipilueun!"
"Euh, ngadu muncang? Naha geus usum muncang kitu ayeuna téh?"
"Nya enggeus meureun di lembur batur mah, nu matak kitu ogé."
"Di lembur urang mah jauh tangéh kénéh, muncang bapa uing nu di sampalan Cikaréo ogé haréjo kénéh pisan!"
"Heeh, teu nanaon sanajan kitu ogé. Urang nurutan batur. Matak naon mun isukan urang ngarit ka sampalan Bah Ido, pasireun séké urang lembur ki- dul? Mun teu salah mah geus karolot muncang Bah Ido di dinya téh."
"Meureun urang kudu rebun-rebun kénéh indit ka dinyana, ngarah ulah kapiheulaan ku batur mulungan muncangna? Saha nu nyaho paheula-heula atawa babalapan cara muru pangsuungan dina usum hujan!"
"Teu nanaon kitu ogé. Urang panggoréjagna. Keun baé ngala jukut reumisan kénéh ogé da moal burung dihakan ku domba uing mah, tara olo-olo kawas domba Si Wita. Jeung deui sugan aya milik urang meunang muncang sapuluh siki séwang mah, ambéh jongjon rada lila timpuganana, nya?"
"Jadi lah, kitu ogé. Uing sampeur isuk-isuk kénéh pisan, nya!" Keun baé teu ngasah aritna heula ogé da seukeut kénéh rarasaan mah, meunang ngasah mangkukna!"
"Heug!" Ujé mengkol ka beulah kénca, nyimpang ka palebah lemburna. Ari Usa terus lempeng da lemburna masih kénéh rada anggang, di béh tonggoh.

Isukna poé Minggu téa, isuk-isuk kénéh pisan Ujé geus nyampeur ka Usa. Nu disampeur teu hararésé da geus saged, dangdan maké baju paranti ngarit. Léos ka pipir kandang domba. Top kana tolombong jeung arit. Tuluy arindit ninggalkeun lembur.
"Ari manéh geus mumuluk heula?" Ujé nanya ka Usa.
"Ah, acan," témbal Usa. "Acan nginum-nginum acan uing mah. Da dicaram ku Ema, ulah ditumanan barangdahar isuk-isuk cenah, bisi peujit ko- réseun. "
"Heueuh da uing ogé nya kitu, can naon-naon. Keun baé itung-itung puasa, nya! Jeung deui urang téh naha ngan rék duaan baé ngarit téh? Moal nyampeur batur nu séjén deui?"
"Na jeung saha deui atuh, enggeus baé duaan."
"Tadina mah uing boga pikiran rék nyampeur Si Ulo, tapi kapan lain rék ngarit-ngarit teuing ayeuna téh, rék mulung muncang pikeun timpugan téa. Jadi mun loba batur mah meureun urang ngan ukur meunang saeutik. Jeung deui Si Ulo mah geus pinter timpuganana ogé, geuning basa taun tukang urang éléhan baé, mindeng karorod meunang kumpal-kempil sambilan ngarit téh."
"Heueuh kétah, mending urang duaan baé atuh nya! Yu atuh urang rada gancangan leumpangna, bisi beurang mantén!" Ujé miheulaan leumpangna rada rurusuhan.
Leumpangna malibir ka sisi pilemburan, bras ka tegal eurih, sup ka kebon awi. Teu lila narepi ka sampalan Bah Ido téa.
"Tuh geus karolot nya, muncangna téh!" cék Ujé bari tanggah kana sawatara tangkal muncang nu rajeg dina sampalan.
"Heueuh nya," témbal Usa. "Sugan baé geus réa nu marurag, " bari rurusuhan muru ka handapeun tangkal muncang nu panggedéna, sieun kapiheulaan ku Ujé.
"Tah geuning manggih hiji mani gedé!" cék Usa, bari top nyokot muncang nu nyelepot dina sela-sela jujukutan, kawas endog hayam sasiki dina sayangna. Tuluy diénéng-énéng ka Ujé bari jigrah pisan. Bus baé dikana tolombongkeun.
"Tah uing gé manggih hiji! Tah hiji deui!"
Kitu jeung kitu baé patémbalan bari uclag-aclog tina lebah tangkal muncang nu hiji ka nu hiji deui, sirikna saider sampalan kapapay kabéh. Beubeunanganana téh leuwih ti sapuluh siki séwang.
"Yu ah, urang buru-buru indit ti dieu!" cék Ujé bari bret-bret ngarit sakeupeul dua keupeul, bus dipaké ngarimbunan muncang dina tolombongna.
"Bisi kanyahoan ku Bah Ido, pajarkeun urang bangsat muncang, padahal saukur meunang mulungan nu murag ku manéh," cék Ujé.
"Bener, mun kaperego téa mah abong mun teu hut-hét bari ngawakwak! Adat Bah Ido téa matak lilinieun keur pantar urang kieu," témbal Usa. Bretbret deui subrat-sibret ngeusian tolombongna bari laleumpang.

Teu lila tolombongna geus parinuh. Tuluy disaruhun. Baralik bari barungah sabab jukut meunang, muncang ogé meunang.
Datang ka lembur muncang téh diparesékan.
Tuluy diparoé dina luhur kandang domba sina garing ambéh tambleg mun dipaké timpugan.
Geus rada garing tuluy dikosokan, sina leucir, lésang. Bari ngadagoan rada beurang, barudak téh arindit deui ngarit rurusuhan pisan da hayang téréh beubeunangan, hayang geura timpugan.

Méméh lohor geus baralik deui. Sarta sanggeus dalahar, Ujé jeung Usa nyarakuan muncang meunang moé téa rék diadukeun. Jig ka buruan anu rata tur lénang.
"Mana kojo nu manéh? Sok réndéngkeun jeung nu uing!" cék Ujé bari nyekel kokojona nu gendul.
"Ieu!" témbal Usa, bari ngaréndéngkeun kokojona ka nu Ujé.
"Gedé uing lah, uing nu meunang, nu kudu nimpug ti heula!" cék Ujé rada seuri.
"Jadi lah," cék Usa bari nunda kojona dina taneuh nu rata téa.
Belétak kojo nu Usa ditimpug (ditinggang) ku kojo nu Ujé sataker tanaga. Cleng kojo Ujé rada ngacleng deui ka gigir, rada nyolédat, kurang tambleg.
"Giliran uing deui ayeuna lah!" cék Ujé gedé haté. "Karuat nya kojo téh, sakitu nimpug sataker tanaga can aya nu rengat-rengat acan, boro-boro ka remuk. Ayeuna geura lah nu manéh bakal bencar. Naon tumpanganana? Duit nya lima pérak séwang?" Ujé bangun ujub pisan.
"Ah entong diajar tumpangan ku duit sagala, budak kénéh urang mah. Apan can bisa ngarah. Jeung bisi tuman nepi ka gedé. Ku muncang deui baé nu babari. Tong sieun teu dibayar ku uing ogé, yeuh muncangna mérékis kénéh dina saku!" témbal Usa rada atar.
"Kitu hadé lah, seug awaskeun yeuh!" Belétak nimpug deui kojo nu Usa. Anéh kojo nu nimpug nu peupeus téh. Racleng jadi tilu.
"Walah jadi nu déwék euy nu bencar!" cék Ujé rada beureum beungeut.
"Matak ge ulah waka ujub. Sok bayar ka dieu! Kojona ganti deui, urang mimitian deui adukeun!" cék Usa bari ngagelenyu, atoh.

Kitu jeung kitu baé, bagilir silih timpug. Anteng pisan, nepi ka carapéeunana, da puguh teu kaganggu ku pagawéan séjén, ngaritna geus cumpon dua iangan téa. Eureun-eureun sotéh bubuhan geus capé sarta Usa kaburu béak muncangna pareupeus jeung dipaké mayaran ka Ujé.
"Keun baé ayeuna éléh, sugan isuk meunang. Hujan gé sok aya raatna. Nu mujur ogé sok aya naasna........" cék Usa bari rada mentegeg, sabab dipo- yokan baé ku Ujé anu bungangang loba muncangna. Keur maén isukan teu kudu hésé capé deui kukurusukan rebun-rebun.
Léos baé ka carai marandi. Isukna di lembur éta jadi ramé ku nu tarimpugan kabawakeun ku Ujé jeung Usa.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template