Wanci haneut moyan di pilemburan. Kolot-kolot awéwé-lalaki mah rariab, aya nu ka sarawah, aya nu ka karebon. Atuh kaayaan di lembur téh tiiseun da ditaringgalkeun téa. Anu aya ngan barudak nu umurna antara lima nepi ka tujuh taun, caricing di buruan bari ngarasuh adi-adina.
"Urang ucing beling, yu!" ceuk Marni ngajak batur-baturna. "Hayu!" témbal Ipah, Aah jeung Wiwi méh bareng. Bring barudak anu opatan téh néangan beling sasemplék séwang, beling piring, mangkok, cangkir, pinggan jeung sajabana nu barodas, boh dicét boh polos.
Ari geus mareunang tuluy diketrékan ku batu sina laleutik pisan.
Sesemplékan anu rada alus diarah, dijarieun kojo, hiji séwang.
Sajaba ti éta barudak téh pada néangan rokrak anu méncos tungtungna, hiji séwang deuih. Éta téh pikeun nyokél taneuh dina jero kalang anu diasupan
ucing beling kaulinan budak sunda,kampanye damai pemilu indonesia 2009.
beling sabogana-sabogana, sina dikoréhan ku sing saha anu keur jadi ucingna. Ari geus saradia kakara barudak téh nangtung ngariung, kabéhna aya opatan.
"Sok leungeunna pareureupkeun, urang bilangan heula," ceuk Marni.
Barudak mareureupkeun leungeun katuhu, bari disodorkeun ka haréup.
Ku Marni dipapay dipepegan ku peureup bari ngawih :
"Plak plik plek blang bling bleng
nu katepak pandeuri ngajleng!"
"Ipah jadi ucingna!" ceuk nu séjén. “Jig geura nyumput. "
"Heug," témbal Ipah bari berebet lumpat nyumput di pongpok dapur.
"Meungpeun nya, ulah nenjo! Licik, teu kaci!” ceuk Marni.
"Jadi lah!" témbal Ipah.
Marni nyieun kalang buleud leutik di buruan.
"Sok urang di dieu baé tempat belingna! Pek nyarokél, sing buni
ngaruangna!" ceuk Marni.
Marni, Aah jeung Wiwi mimiti nyarokél taneuh, dina jero kalang téa, bus belingna diasupkeun tuluy diruang.
Geus kitu nyarokélan deui saliang séwang, lian keur ngalieurkeun, sangkan beling nu diruang dina liang nu asal teu gancang kacokél ku ucing.
"Enggeus?" sora ucing ngagero ti panyumputan.
"Encan!" témbal nu tiluan.
"Enggeus?" ceuk ucing sakali deui. "Enggeus!" walon Marni. “Sok geura ka dieu.”
Ipah jol lumpat ti panyumputan, tuluy cingogo nyanghareupan kalang, diriung ku nu tiluan.
"Pek geura koréhan!" ceuk Marni.
Rada lila ogé Ipah ngoréhan beling dina jero kalang téh bari dirariung.
Gok kana liang nu palsu, gok kana liang nu palsu.
Teu lila aya nu kacokel hiji.
"Tah beunang hiji, anu saha?" ceuk Ipah.
"Alah anu uing!" ceuk Aah, pangheulana kapanggihna.
Lamun beling anu disumputkeun geus kapanggih kabéhanana, kakara ucingna diganti ku nu belingna kapanggih pangheulana téa.
"Aah ayeuna ucing........" ceuk sareréa.
"Heeh. Heug pek nyumput, tapi ulah lalila teuing nya ngaruangna, da kesel meungpeunna!" ceuk Aah, bari léos nyumput di pipir imah.
Lila pisan barudak téh arucing-ucinganana.
Eureunna téh lamun adi-adi asuhanana kaburu careurik, atawa kolotna aya nu datang.
0 komentar:
Posting Komentar
Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini