Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Ucing sumput

Ucing Sumput

Ucing sumput nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.

Kaulinan ieu (petak umpet) kawentar di mamana, hususna di Indonesia. Nu maén pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih ramé. Salah saurang budak kapéto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten.

Cara ulinna, kabéh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancén kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabéh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan néangan sésa baturna nu can kapanggih, bisa ogé henteu gumantung aturan maén nu disatujuan saméméh maén.

Aturan maén nu séjénna biasana mah ngeunaan wewengkon (daerah- Bahasa Indonesia; area-English) nyaéta wates-wates pangjauhna hiji budak meunang nyumput/nyamuni téh diatur dina aturan maén téh nu disatujuan saméméh maén. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manéhna kapanggih pangpandeurina.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template