Rabu, 23 Juni 2010

Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi.

Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.

Contona:

Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.

(Maksudna: oray)

Jukut jangkung pipir gunung,

Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template