Senin, 16 Januari 2012

Kinanti Ngahurun Balung

Kinanti Ngahurun balung

Author : Haji Hasan Mustapa

Sumber : http://wikisource.org/wiki/Kinanti_Ngahurun_Balung

1. Tungtungna ngarahun balung, Guru bukur malar bukti, Rek nyaba jeung Allah saha, Kacapangan ya Illahi, He Allah Gusti kaula, Di nu nembrak di nu suni.

2. Kaduhung ngajugjug jauh, Puguh nguntit-nguntit aing, Baluas da kurang awas Ati lali ka ma’ani Gumelar ma’nawiahna nuding ka nu lain-lain.

3. Mupunjung ka uwung-uwung Migusti ka kutumbiri Mangeran ka wang-awang Lain duei lain deui Nu aya disaha-saha Aling-aling roch idofi

4. Pikukuh ku ilallahu Nu murba wisesa diri Kelangan hajat sorangan Pangatikna ti leuleutik Balangah salah tarima Pahili nu dipieling

5. Babasan Allah Nu Agung Waspada lahir jeung batin Marukan lain nyaeta lahirna dituding ati Batinna di torah rasa Moal salahir sa batin

6. Nu matak diugung-ugung kupanarimaning ati Nu datang disaha-saha Nu undur dileungit-leungit Kokoceakan neangan Matangankeun nu ngabukti

7. Mituhu lain ka baku Rapih bari jeung pahili Uyuhan bet dipirosea Mere deui mere deui Tapi da jariannana Nu lali purah sukingki

8. Kasarung turut lulurung Balik deui balik deui Sabab dina sisimpangan Cerik deui Cerik Deui Midangdam neangan Allah Lain deui lain deui

9. Beh di kaler beh di kidul Saha deui saha deui Na mana majar ma’ani Aing deui aing deui Ngambang di sagara mangmang Manggih lain manggih lain

10. Tah kitu yataroddadun, da bongan firoebihim Katambias parahuna Kerok miriwinci hiji Ngumbara sosoranganan Da puguh pahatulalis.

11. Ngahiung miindung-indung, Bapa mana ieu kuring, Teu daraekeun nembalan, Da geus marulih kajati, Ngoceak umallah-Allah, Repeh deui-repeh deui

12. Disusul ka gunung suwung, Ditungtik ka cai leungit, Aing neangan jeung saha, Aing deui aing deui, Nĕlahkeun ngaran kamana, Nafsiahing anu aing.

13. Kalingkung ku bising kitu, Loba nu nuding ka aing, Kabuktian mulya hina, Da kapalingan ti peuting, Da kasajaban ti beurang, Aing dipaling ku aing.

14. Bukurna nu dipibingung, Pahili ku barang hiji, Nyawa kaleungitan rasa, Lawas kalindih panglandi, Marukan lain manehna, Ĕnya ge dilain lain.

15. Tutur munjung ka batur, Purba di rumasa ngabdi, Rohaka ngojay ka girang, Milir deui milir deui, Naon aing babawaan, Rek ngirim aing keur aing.

16. Ditanya meureun mun timu, Naha bet dibawa deui, Disaha maneh ngumbara, Na aya nu sugih deui, Moal ĕnya ditarima, Da eta nusugih tadi.

17. Jauh-jauh disusuhun, Tĕpi ka urut indit, Midangdam keur kaedanan, Pahili bawahing pangling, Horeng keur ganti jĕnĕngan, Lali bawaning ku isin.

18. Horengan batur salĕmbur, Papanggih geus aki-aki, Papisah pangumbaraan, Kudu panca kaki deui, Ngadukeun pakutan-kutan, Hanas bĕt pagiling gisik.

19. Ngalantung pada ngalantung, Pada nyarita pamanggih, Basa dipangumbaraan, Aing balik ti Batawi, Sup kana liang Lampengan, Bray caang beak kinanti.


20. Diajar nulis darigdug, Uni deui uni deui Midangdam kukagandengan, Nulis di kareta api, Pulunganeun bangkarakan , Sugan katitisan sari.

21. Sari nu ditiung sarung, Balik ka kawit dumadi, Horeng teu nyaba ngumbara, Ĕnyana matuh ditadi, Hakna nu tĕrus jeung rasa, Rapih kana nafsul amri.

22. Haking kaula ku ripuh, Haking Gusti kubirahi, Jeun teuing deungeun balangsak, Da abdi birahi ati, Gumelar jeung pangabetah, Bubuhan jaman pribadi.

23. Numatak disĕbut kukuh, Tara salin ti sasari, Tara jeung pangawĕruhna, Cicing dina alam hiji, Tara ditanya kamana, Lamun aing hĕnteu indit.

24. Tara ditunjuk ku curuk, Mun nuduhkeun ka pribadi, Anggang soteh rarasaan, Pĕrbawa jaman kiwari, Hayang kanu anggang teang, Pambrih kanu suni tungtik.

25. Nya tuturkeun indung suku, Hartina pancĕring aing, Kudu soreang katukang, Pamalina tukang tani, Dederan ngora akarna, Kĕri deui kĕri deui, Mun teu pambrih ku rejeki.

26. Beuki jauh ka cinyusu, Beuki hilir beuki lali, Moal nyaah ka pĕtetan, Lamun pamrih ka langari, Teu paya ku pancengkadan, Mun teu pambrih ku rejeki.

27. Nu diprĕbutkrun nuwuku, Katohyan kangenah ati, Marukan bisa midua, Kapan aing ti leuleutik, Nyembahmah diwarah heula, Kumaki bawa ngajadi.

28. Numatak timbang taraju, Jati teu leungit ku lali, paya ku diaya-aya, lalandian kupinanggih, Duriat kakalakayan, Ingkar ngarangrangan jati.

29. Kukuh nya ngenca ngatuhu, Bobot kakayoning sari, Ilat-ilat pangabĕtah, Matak sisirikan hiji, Tokecang beurat sabeulah, Sok pusing kagunjang-ganjing.

30. Perbawa teu cucud dumuk, Teu tanjrih ku nu keur bukti, Balukarna hejo tihang, Pasalingsingan jeung ati, nyiar keneh susuganan, gagal deui gagal deui.

31. Da alhakumut takasur, Hatta jurtuuml makobir, Kalah beak pangeuntengan, Lain deui lain deui, Tekad katebak ku hawa, Gingsir deui gingsir deui.

32. Di dieu hayang ka ditu, Di ditu ka dieu deui, Pasrah lamun jeung pindahan, Lain elegete pikir, Najan eurih kaanginan, Pindah soteh reujeung bukti.

33. Aing oge kolot pancuh, Bukti lamun indit birit, Kabita taya gawena, Mikir-mikir nu teu bukti, Taya geusan pangabetah, Cicing lain nadah angin.

34. Ngan nangtayungkeun pikukuh, Mun ĕnya tariking angin, Kodrat iradat pangeran, Nu mindahkeun birit aing, Lahaola wala kuwata, Aing nu hajating aing.

35. Pung ngapung masing ngapung, Ragrag deui ragrag deui, lĕp silĕp ka sapatala, Ngambul deui ngambul deui, Sapanjang di alam urang, Timu deui timu deui.

36. Masih ngapung masih mayung, Ngĕdap deui ngĕdap deui, Diulur sapanjang rara, Ngĕbrok deui ngĕbrok deui, Langlayangan teu talian, Ragrag deui ragrag deui.

37. Mo burung disebut burung, Mun teu saenya sa lain, Babasan jeung karapihan, Ciri mah ciri sabumi, Cara mah cara sadesa, Tuturuti ka panglandi.

38. Mun disuguh angeun iwung, Ulah menta angeun awi, Najan ĕnya kitu te mah, Katĕlah na kebon awi, Lalandian sababatan, Awi deui awi deui.

39. Na saha nu ngebon sintung, Ngan aya nu melak kitri, Duwegan ge saliwatan, Geuwat bisi kolot teuing, Kaporotan ganti ngaran, Duwĕgan santri teu amis.

40. Bisi kaburu ku butuh, Batok garing cai bari, Ngalasan mah pupucukan, Mun talangke kolot teuing, Buah leunca nu meujeuhna, kolot teuing amis teuing.

41. Aing mah tara ka lisung, Tatanya bisi pahili, Bakatul naon gawena, Huut na saha nu beuki, Sugan te mah cara beas, Ngan pare kanyaho aing.

42. Atuh aing kawas burung, Dipangejokeun jarami, Bongan teunyaho ditata, Resep keukeuh ieu aing, Hayang rangrang menta catang, Abong kena pada kai.

43. Puguh keur hayang cinyusu, Sakĕtipeun meuli sapi, Cara anu ngaladangan, Anggur disebut teu eling, Nanyakeun harga sawidak, Mamawa duit saketip.

44. Tah hartina Ilallahu, lain diiwung di awi, Iwung tara teu awian, Duwĕgan kudu ti kitri, Tara beas teu parean, Awi runtang ku panglandi.

45. Pibatin cara nu burung, Pilahir cara teu eling, Ucap mah kalangkang rasa, Teu umum teu matak rapih, Matak layeut masamoan, Bisa mihapekeun diri.

46. Rĕmpug sĕmu jeung salĕmbur, Bear budi jeung pangampih, Mustika tara kasangka, Bisi batur pada manggih, Diudang tata satata, Ditungtik surtina buni.

47. Heug iwung sĕbutkeun iwung, Heug awi sĕbutkeun awi, Kajeun ceuk deungeun mah loba, Teu nyahoeun barang hiji, Hiji dua tilu opat, Hiji na tina mimiti.

48. Najan aya laksa ribu, Jumlah na sahiji deui, Najan samara dalapan, Engkena jadi sapiring, Ageun bistik opor acar, deungeun sangu opat piring,

49. Panyuguhan dua gunduk, Ambeng dahar ambeng ngopi, Disĕbut baraya dalit, Duriat kanu bangbangan, Tara ka dulur pribadi.

50. Kajeun disebut teu wawuh, Tinimbang ngĕcĕwis biwir, Jĕnĕngan paranti anggang, Panglandi tara pahili, Duriat ngilangkeun ngaran, Rapih nyirnakeun lalandi.

51. Taya bujang keur lumucu, Birahi budi gumeulis, Lajang teu kakasepanan, ingĕtan alam pribadi, bisi bogoh ka sasama, lalaki pada lalaki.

52. Matak teu turun tumurun, Leungit bukti Jabang Bayi, Balukar sok ti duaan, Buktina lahir jeung batin, Nyatana jassad jeeeung nyawa, Nu ngabuhtikeun kiwari..

53. Puguh mun humarurung, Ngadangding ku humariring, Gugunungan dadaratan, Bumi deui bumi deui, Wawalungan lalautan, Cai deui cai deui.

54. Muru cau murur tiwu, Amis deui amis deui, Muru pare muru kĕtan, Seubeuh deui seubeuh deui, Muru sirop muru lahang, Sĕgĕr deui sĕgĕr deui.

55. Muru pucuk muru daun, Tangkal deui tangkal deui, Muru buah muru kembang, Bĕtah deui bĕtah deui, Muru deukeut muru anggang, Rapih deui rapih deui,

56. Napsu mah gĕlĕdug rahul, Asa indit tacan bukti, Barabat hujan silantang, Bumi masih keneh garing, Ngagundamkeun kasugihan, Tatapi beuteung salatri.

57. Marukan wujud ku nafsu, Ngimpi sugih bari Miskin, Teu kudu hayang tiheula, Mun pasti baris ngajadi, Teu kudu sare gundam, Bukti ku babawa impi.

58. Barang hiuk puguh nafsu, Geus bukti meunang pang landi, Nafsiah meunang kapengeranan, Buktina tangtu ku pasti, Saha bae nu maksana, Nyatana mana billahi.

59. Sup aing campur di kampung, Nurutan aing ngalandi, Ngarah sarua nya basa, Ulah katara Ngiai, Illallahu ganti basa, Mun teu ngaji moal ‘alim.

60. Mun teu macul moal nyatu, Teu ku cai moal mandi, Mun euweuh kejo teu mangan, Mun teu ngarah moal ngarih, Mun sangsara paeh bangka, Mun teu ngulik moal mukti.

61. Mun teu nyatu moal hirup, Mun teu mĕlak moal ngali, Lamun teu ngakal mah modar, Mun teu carincing dipaling, Mun teu diubaran payah, Mun teu ngaji moal nyantri.

62. Wah aing tutur ngatuhu, Kencana diapi laing, Mangeran tempang sabeulah, Top kari sabeulah deui, Katulah ku pangabisa, Mun cicing moal salatri.

63. Teu macul teu burung nyatu, Paeh titeuleum keur mandi, Teu mangan kamĕrĕkaan, Teu ngarah teu burung ngarih, Babatang menak Jatnika, Mucigcrig bawaning ngulik.

64. Loba nuhirup teu nyatu, Nu ngali lain nutani, Nu bĕrakal talayah, Anu caricing di paling, Loba ubar nu kanceuhan, Loba wali lain santri.

65. Katuhu paranti nyatu, Kenca paranti susuci, Mulya hina duanana, Milik aing nu sajati, Mun aing beurat sabeulah, Tandaning ngalain-lain.

66. Jung tangtung dina bangbarung, Baeu banggeut milik aing, Sing walatra duanana, Masing hanteu pili ganti, Untung rugi mulya hina, Papait eujeung mamanis.


67. Panas tiris baseuh tuur, Ngeunah teu ngeunah nu aing, Nu kasorang ulah nyemah, Bisi pajar dipilain, Hiji barang dua ngaran, Bongan dua nu ngalandi.

68. Aing untung ceuk nu dusun, Aing rugi ceuk nu ngarti, Aing mulya ceuk nu anggang Aing hina ceuk nu dalit, Ditandangan ku sorangan, Tĕtĕlahan nu ka aing.

69. Agungna jadi Pangulu, Hinana jadi pangatik, Mulyana jadi ponggawa, Hinana bas ning abdi, Mulyana sok disarembah, Hinana sok dianonim.

70. Aing untung keur panuju, Aing rugi keur bĕrĕwit, Aing mulya keur sukana, Aing hina keur prihatin, Aing kaya keur balangah, Aing miskinna keur eling.

71. Diuk nangtung jeung ngalantung, Dagang jiwa ngicis budi, Jual akad sapayuna, Sabaraha anu wani, Ngarah rorongsokanana, keur ngajatnikakeun diri.

72. Susungkur ngarah susungkur, Jual beuli ngarah bati, Carabakan ngarah rasa, Tulas-tulis ngarah uni, Sisindiran susulukan, Moal sacangkang saeusi,

73. Ti luhur sarerang kawung, Ti gigir langari jadi, Ti handap sarerang langkap, Ngukuy pĕnyu ka basisir, Kasungka di kali jaga, Kasi handapeun kilaki.


74. Ti luhur sumangga cium, Ti gigir kuma paranti, Ti handap sumangga rampa, Wungkul sĕmu dina pikir, Sugan suka pajajaga, Kasorang jadi salaki.

75. Ti luhur sujud pangambung, Ti gigir paranti bakti, Ti handap keur walakaya, Ngukut budi bari mikir, Kasuka neangan jaga, Kasorang baring supagi.

76. Catur ngaub kapangrungu, Budi ngabdi ka nu surti, Polah nyĕmbah kanu awas, Rasa ambeu memeh hiji, Mun paju tanpa ladangna, Tina pĕti sanubari.

77. Untung ku ladang lumaku, Sugih ku ladang pangarti, Beunghar ku ladang bicara, Weureu seubeuh gĕde leutik, Maraban pangupa jiwa, Leutik jinis gĕde bati.

78. Teu payu usum teu payu, Keur raris usum keur raris, Boga kumaha barangna, Pikabogoheun nu meuli, Teu pedah dipika heran, Ninggang sulaya jeung ati.

79. Da geus di dieu di ditu, Jamak raris jeung teu raris, Teu euweuh jarianana, Pakeeun anu mareuli, Dahareun jeung barudak, Malaur barudak rungsing.

80. Moal bingung ku nu umum, Moal nyĕri ku paranti, Moal heran ku nu jamak, Moal pahili ngabagi, Humaleuang humandeuar, Nyĕri ku barang nu misti.

81. Pastining Gusti Yang Agung, Kĕrsaning Nu Maha Suci, Cacandran jadi pusaka, Wangkid ti nini ti aki, Ulah bahula wangkĕlang, Kana titis tulis diri.

82. Tapi tutur dipitutur, Nyĕbut takdir ka papait, Mamanis asa beunangna, Lawas dibalajar lali, Balukarna ngarasula, Papait asa pahili.

83. Pasaliru nu dimaksud, Jeung pasti keur aing, Bongan ngalunjak diwarah, Ulin dibĕkĕlan duit, Ngarasula keur teu boga, Da asa duit nu pasti.

84. Indung nguyung tina bingung, Ditagih barang teu misti, Dipentaan lain hutang, Ngan bonganna ti kamari, Anakan di warah ngeunah, Ngarungsing keur na prihatin.

85. Atuh pitutur nalapung, da pasalingsingan ati, Babasan beda ti rasa, Uni teu tĕrus jeung ati, Ucing nyandingkeun paisna, Maling deui maling deui.

86. Tutur dijujur diugung, dek dikĕsitan sakali, Didadak sabar dipaksa, Ngĕrik deui – ngĕrik deui, hanteu dilalanyah heula, pepeling moal ditolih.

87. Atuh kaku lain baku, Tara-tara tisasari, Ngadak-ngadak barangasan, Kawas teru nyaah ka aing, Nu matak kagĕgĕringan, Gĕring deui – gĕring deui.

88. Indung bapa turun kaul, Agus lamun cageur deui, Ku bapa moal dipungpang, Taya nu dipikaasih, Taya banda kinasihan, Ngan keur agus suka ati.

89. Geus kitu bawaning bingnung, Ingkeun bae da geus takdir, Nya takdir teh tuturunan, Kolotna tara piduli, Kana pibageureun anak, Nu sĕnang dikaping buri.

90. Tah kitu turun manurun, turunan sĕsĕmban santri, Balahi ku T7:03 akdirullah, Kangeunahan beunang aing, eukeur mah santri kabongan,. Niru babasan Kiai.

91. Kiaina deui kitu, Tĕpi ka mĕlĕtik budi, Hidayat ka pangeranan, Heran ku basa kiai, Naha bĕt nyĕmbah nyabeulah, Kumaha jadina hiji.

92. Ĕnya sore hĕnteu isuk, Wawuh beurang leungit peuting, Keur ngeunah gagalayahan, Keur nyĕri migusti-gusti, Ngadunungan kakapeungan, Uyuhan teu dipilain.

93. Baku napsu nu di batur, Ngaran takdir nu di aing, Hawa pĕrbawa kabita, Nu teu mĕnĕran ka aing, Kalah modar teu kasorang, Da lain bagian aing.

94. Dulur ngan cikal jeung bungsu, Awewe reujeung lalaki, Ceuk bungsu geuraheun akang, Ceuk cikal geuraheun adi, Puguh saindung sabapa, Ngidul hiji ngaler hiji.

95. Mun nenjo teu ngeunah batur, Uyuhan teuing silaing, Mun teu ngunah di sorangan, Aeh naha kieu teuing, Nganaha-naha nu jamak, Teu rasa mungkir ka takdir.

96. Ceuk pulus geuraheun limus, Diciuman ku nu geulis, Ceuk limus mĕnding pulus mah, Tara diguras-garis, Kabeh poho ka pusaka, Mulya hina untung rugi.

97. Ceuk sato manusa agung, Boga kuda boga munding, Ceuk manusa mĕnding domba, Bĕtaheun ku eusi peujit, Ĕngke keur ponyo ngalasan, Jukut hejo moal lingih.

98. Tara tisusut tidungdung, Neangan nu lain-lain, Tara maksa gurajangan, Ngulak ati teu ngabukti, Rumasa bisa sorangan, Hirup ku kabawa impi.

99. Mun aing suhud ka sirung, Tandaning lali kabeuti, Mun rada ĕmbat meueusan, Eling kaasaling jadi, Tangtu rumasa nyasama, Itu aing ieu aing.

100. Ngan itu maju ka untung, Ngan aing maju ka rugi, Ngan itu kĕmbangan mulya, Ngan aing kĕbangan laip, Harga kumaha nu hayang, Hade itu hade aing.

101. Mun aing suhud ka iwung, Tandaning lali ka awi, Susah keur nganyam ayakan, Eleh ku ngeunah sakali, Ngarasa kurang keur kurang, Butuh keur anyaman bilik.

102. Tanda asal kudu mundur, Ngukuhan eling ku beuti, Buah jaga kĕmbang jaga, Aing keur pada ngajadi, Lĕbah ĕmbung lĕbah hayang, dilawanan ku nu bukti.

103. Moal tajung euweuh irung, Moal bau euweuh seungit, Moal bujang euweuh lajang, Moal barang euweuh duit, Moal mulya euweuh hina, Pigeusaneun sili tuding.

104. Kudu lawung pada lawung, Sajajaran pancakaki, Gumĕlar lĕbah alamna, Maju teuing mundur teuing, Matak sarosopan rasa, Pinggan dientep jeung piring.

105. Lilip bukur moal timu, Nu layeut tĕrusing ati, Tĕrah sabdaning kusumah, Rumasa lain jeung lain, Bonganna pasalingsingan, Bukti teu ninggang jeung sari.

106. Iraha ngakandi sintung, Lamun buktina ngan kitri, Iraha gumĕlar hayam, Lamun jalma sakabeuki, Ĕndog ulah sina mĕgar, Dabongan make dipeuncit.

107. Iraha timbulna suung, Lamun taya musim ngijih, Iraha gumelar supa, Lamun taya catang kai, Iraha nĕlah kaula, Lamun taya bibit gusti.

108. Suhud soteh aing tandur, Ingĕt kana rumpak jami, Makaya hayang di buat, Ngulik harti hayang bukti, Gumĕlar neangan rasa, Pek geura puntirkeun deui.

109. Moal suluk tanpa wusul, Tapi teu make mimiti, Koleang ka sakĕmbaran, Jumĕrit ku silib sindir, layung isuk samar beurang, samarandening kinanti.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template