Senin, 16 Januari 2012

Layang Muslimin Muslimat


BAGEA ANAKING

Bagea anaking rahmat salamet, cageur bageur, sampurna ragana, sampurna rasana, sampurna pangawasana do’a bapa sareng ema neneda ka Gusti anu Maha Suci, Alloh anu Maha Kawasa. Alhamdulillah sadaya puji kagungan Alloh, ti alam rahmat nepi ka alam nikmat, tur dugikeun ka ayeuna ku kersana Gusti hidep dugi ka marcapada, alam dunya. Mugia hak asal hidep teu kaluli ku mangsa, mulang jaga pinasti emutkeun ka dinya urang datang deui.

Anaking rek lalaki, rek awewe hidep bakal dirawu dipangku ku bapa sareng ku ema, dibageakeun. Wilujeng sumping di dunya, utun inji anak bapa. Tempat karamean, dimana sakumna makhluk ngalakonan amanah ti Gusti ngaropea “hirup diri” titipan Illahi sinareng kudrat tur irodat-Na.

Anaking, hidep sajatina geus nyangking ngaran (“ciri”) ti Gusti anu Maha Suci. Jaga anjeun bakal harti jaga anjeun bakal surti, si A, si B, si C sesebutan ciri manusa teu aya hartina dipayuneun Mantenna. “Kun payakun” anjeun bakal diangkir ku Mantenna bakal harti tur surti najan teu aya lisan anu kedal, margi pangandikana anu Maha Kawasa teu kalayan lisan, sasauran na henteu nganggo baham. Tapi yakin ku Iman anjeun bakal harti yen Gusti keur cumarita, ngandika ka hidep. Ukur hidep nu bakal nyaho, batur mah biheung hartieun……..

Anaking, ti alam rahmat hidep diteda dipundut kubapa kujalan do’a mugi lungsur sukmaning manusa sajati nu murni teu kacampuran kunulain-lain. Cur mancur cahayaning pangeran, langgeng cahayaning Alloh. Hurip cahayaning adeg titihan sahadat sajati, wali tunggal cahayaning manusa. Cur mancur cahayaning pangeran, Cur mancur cahayaning Alloh, Cur mancur meh cahaya, Cur mancur cahayaning kudratulloh, Muhammad teh rosululloh .Dipageran ku Rakmat, ku kudrat sareng irodat Gusti anu Maha Kawasa nu nyartaan ka hidep. Emh, bagja anaking, bapa yakin do’a bapa, ema, uwa, nini oge aki hidep tur sepuh-sepuh anu sanesna diijabah kunu Maha Kawasa. Alhamdulillah Gusti……….ngahaturkeun sukur....

Lara peurih ema hidep mapag anjeun ka alam dunya teu lali do’a tibapa sareng sadaya sepuh ngiringkeun mugia rahmat salamet nudilahirkeun sareng nungalahirkeun, Alhamdulillah, kukersaning Alloh hidep jeung si ema berkah salamet.

Kiwari anaking, laku hirup tugas tigusti nganti hidep keur ngalalakon, do’a deui ti ema sareng tibapa mugia : karamat, safaat, harkat sareng darajat ditetepkeun ka anjeun anaking. Duh, Gusti ka salira simkuring ngadeuheus, mugia cumpon ieu paneda kanggo pun anak, mundut ditetepkeun sakumaha pamaksadan. Amin.

Anaking, keur bekel hidep ngumbara sami-sami ngalalakon nyungsi diri ngajalankeun amanat Gusti anu Maha Suci, ieu bapa sareng ema mahanan “tanda pangeling-ngeling kanyaah” do’a tisadaya sepuh mugia hidep salamet tur bagja di dunya tepikeun jaga di akherat, amin.

Ieu warisan teh nyatana ngaran hidep, warisan pangmimitina anu dipasrahkeun. Ngaran teh “tugu/gapura” pikeun pangeling-ngeling, keur bapa jeung ema mah aya do'a jeung paniatan ngarah maksud ieu ngaran anjeun teh jadi siga nu di teda, amin.


GALIH CIPTA WENING

Anaking, anak bapa anu kasep. Ieu ngaran teh ngahaja nyokot tina kecap/bahasa sunda, kusabab aya maksud nyurupkeun “rasa” nu nyangking ieu ngaran 9nya anjeun buktina) ka taneuh sunda lemah caina. Jaga mun pareng ku kudrat jeung irodat na pangeran dikeresaning hidep kedah ngalalana ngider jagat, hiji nu tetep dipiharep “tong poho kana purwadaksi” eling saha ari diri hidep, timana asal hidep, kudu kumaha nyanghareupan lalakon hirup hidep, jeung rek kamana bakal mulang diharepkeun tetep nanceb anteb dina hate anjeun Galih Cipta Wening, anaking anak bapa.

Pan tadi cenah aya paribasa “mun jelma hayang nyaho ka gustina, mangka kudu bisa nganyahokeun saha ari dirina” mangsa-mangsa jelma geus apal ka dirina pasti ngarasa bodo hirupna. Teu umaku, teu umaing komo bari ujub, ria jeung takabur mah jauh pisan netep di jelma nu geus eling tur sadar saha ari diri anu sanyatana. Salah sahiji jalan pikeun nganyahokeun kadiri nya kurasa katepina, rasa bakal katepi lamun geus kaharti, harti diudag salah sahijina kubahasa, nya pikeun urang sunda tangtu bahasa sunda anu dipake pikeun nepikeun rasa.

Galih :

Harti dina kecap pagawean (kata kerja) : gerentes tina manah anu nunjukeun pamendak (prasangka/pendapat/pemikiran)….nunjukeun nudatangna tina hate jelma.

Harti dina kecap barang (kata benda) : hate, manah.

Aya paribasa : “wening galih nu dipamrih, jembar manah nu diteda”


Cipta :

ngadamel, nyieun, ngawujudkeun ……………..


Wening :

Nembongkeun harti beresih kana cai anu herang “ngagenyas” mawa sarta tiis kasegeran pami dileueut atanapi dianggo siram, sanaos ningalina oge tiasa nimbulkeun katingtriman anu iuh linduh, tenang, seger.

Galih Cipta Wening :

Keur diri anu nyangkingna : pribadi anu tenang, wiwaha komarana, deudeuhan, nyaahan, asihan, cerdas pamikirannana, hade hate, naon anu difikirkeunnana beresih (teu su’udzon), komo kana kudrat sareng irodatna Gusti anu Maha Suci mah estuning sabar, pasrah, tumarima tur teu weleh sukur kalayan husnudzhon kana katangtuan tinu Maha Kawasa. Pribadi yang lembut, sabar, berwibawa dan menyejukan siapapun yang ada didekatnya, serta kecerdasan dan pemikirannya selalu menghasilkan segala sesuatu yang memberikan manfaat bagi orang banyak.

Keur Ema sareng Bapa : Hidep teh nyatana cai kaheman bukti kanyaah yen kudrat sareng irodat na gusti “bukti” netepkeun jodo ieu ema sareng bapa nu teu dimimitian ku kenal tiheula komo bobogohan mah. estuning pasrah, percaya tur yakin kana katangtuan pangeran yen jodo pati bagja cilaka rusiah pangeran. ieu buktina, geus gelar buah rakhmat kanyaah ti anu Maha kawasa, kanyaah tinu jadi kolot, kanyaah tisakumna dulur nyaeta hidep tea buktina, anaking. Pameungkeut deudeuh pamatri asih keur ema sareng bapa. Pepeling geusan nyukurkeun sakumna nikmat nudipaparinkeun ti Mantenna. Mawa ayem tengtrem, mawa cukup jeung kajembaran, mawa sukur kana kaayaan rumah tangga tur kulawarga sakumna. amin.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template