Senin, 16 Januari 2012

Lalangse hate, ku Pakapradana Winata

Ieu salinan tina jajaring sosial anjeuna...mugiya ka idinan ku anjeuna.

purnama nu ngan saparona...
taretes bentang nu ngan ukur salaksa...
mapaesan warna kanalangsa...
nganteur karungsing nu kurang narima...

kiwari tumiba carita mangsa harita...
horeng rasaNa duka jang saha...
na...... atuh naon sesahna...??
mun anjeun wakca balaka...!!

najan kapaksa....
piraku kuring teu tumarima...

bet atuh BANGBARA aya ku tega...!!!

------------

tong deuk ngumbar juuhna cimata...
carita tangtu aya haatna...

katiderat sajorelat ibarat kilat...
salin jinis ku mangrupa kabagjaan...
nu salila ieu jadi implengan...
panutan...
tuh tingal bulan geus nembongan...
ngebrehkeun rupa kasonagaran...

------------

atra seah guludagna cai wahangan...
mawa mangrupa aram nyeak nuju muara kahariwang...
dianteur guruh silantang...
nu jelas beuki ngajauhan...

balungbang jomantara pinuh kenyayna bentang kaheman..
tingkarelip lir nu ngisaratan...
nyalukan nu keur ngumbar lamunan..
maturan panyawang nu tacan karuhan..

-------------

mun tea kenyay cicika sirna...
dibarung sirnana sumirat rasa jeung geburna katresna...
nyata ngorotan di teureuy ku mangsa...

katandasa ku para pamaen sandewara...
nu dibarung jadi sutradara...
hiji bukti kasarakahan nu ngabudaya...
ngan kongang hiji panggentra...
"KUMAHA DINYA......!"

---------------

silantang seah di girang..
mawa aram warnaning ruruseb kahirupan..
caah muara ku lecekna cihujan..
lalaunan ngeueum palataran katugenahan..

kolenyay kingkilaban atra nyaangan saliwatan..
guruh gugur ngawirahma maturan..
wanci diri nunggelis nyorangan..

--------------

jagat atra katara angkeubna..
pepedut pihujaneun nutupan jomantara..
poek mongkleng, peteng lir wanci reupreupan..
samar lampah lir buntu udagan..

mipir pipir lungkawing kaketir...
mamay-mapay tambakan kahoncewang..
ngadeupaan lincar, lir renghas pangharepan..

---------------

teu karasa keclak cimata tresna
nyurucut miheulaan kedalna rasa
ras inget mangsa harita waktu urang ngabungbang sasarengan....
duh panutan nuju naon anjeun ayeuna dikalanggengan...??

ayeuna kuring nyorangan ngadaweung bari ngabungbang
dina bangku nu harita urang kungsi nyalikan sasarengan..

-------------

...umur urang nu beuki ngurangan, waruga nu beuki robah ngorotan, muga teu ngajadikeun surut kana gedurna galura rasa, hawa nu sumarambah, puguhnamah beuki rosa..., ngan kahalangan ku mangrupa pertimbangan...., tapi nupasti bakal ngajadi kadali diri enggoning niti wanci nu bakal kasungsi...., taun anyar muga mukakeun halaman anyar pikeun ngambah sagara kahirupan mangsa nu bakal datang....

-------------

mangsa diri keur nyorangan,
mungguhing jauh pisan panineungan,
raga taya daya, taya tangan pangawasa,

layung beureum makbrak nembongan,
ciri wanci geus reupreupan,
srangenge deuk anggeusan,
wanci peteng sajorelat deui deuk makalangan.

naon nu deuk dibawa,
naha kirana geus sawawa,
naon neu deuk dibawa,
bekel mangsa reureuh tina sagala rupa..

-----------------

kuring yakin..
malati mo jalir tina jangji..
katresna geugeut pageuh kapatri dina ati..

tapi naha kahariwang tur kamelang..
tetep ngalangkang dina lolongkrang pangharepan..
inggis diri kasilih ku deungeun..
jerit ati ngalenghis mun ras ka nasib diri..
gendang cimata, jadi bukti katineung diri..

--------------

pangiuhan bayeungyang kalimpud ku jaman..
pangrereban haringhang ku kaonaran..
........................................................
pangbalikan ngan ukur ka pangjaratan..

-------------
najan jarijih oge da kawajiban.....,
nya maksa bae lugay...


-----------------
kairing ku kawih asih, 
balabuh dina dasar katineung, 
euntreupna geugeut kameumeut, 
disungging dina permadani ati, 
kaasih diipuk dina jajantung, 
mabrak mangkak dina taman katresna...


------------
léngkah pasti nu atra bet ngajauhan,
henteu ieuh maliré kana naon nu kaliwatan,
pangrasa jonjon nyorangan,
salaksa sosoca nalingakeun ti kaanggangan..

naha teu nyadar..?
dampal sampéan ninggalkeun mangpirang tapak..?
atra katara sanajan ti katebihan.


--------------
motahna lambak katresna,
medal mangsa geus deuk sareupna..

dalingding angin kaasih, 
ngahiliwir di wanci magrib..


-------------
mun harita urang cacarita handapeun caangna,
mangsa harita waktu urang wakca balaka,
carita nu dipedar ngan ukur anu éndahna,
teu eungeuh nu deuk kasorang wangkid ayeuna...

kiwari horéng tinggal reueukna,
lingsir ngulon kaalingan ku angkeubna,
réhé combrék tinggal simpéna,
samar cahya sumiratna...


-------------------
bulan numpi tukangeun lalangsé..
ngaréka parona peuting nu mingkin jempling..
panghias palias nambah kawaas..
rumpaka mangsa harita..
ngadangiang ngebekan panyawang..
natrat atra na kongkolak sosoca..
ngolényay lir kingkilaban...


---------------
wiyasa ngagebur rosa..
ngan waruga taya ka wirya..
diri ngan wasa tumarima..
naon rupa kumaha nu Maha Wisésa...

hurip kebek ku sasmita..
tur pinuh dodoja jeung reka perdaya..
teu sawaka kana panyengker..
balukarna nandang kamurka.

----------------
naha salah mun seug aya rasa kaleungitan..?
naha salah mun nganti panghiap ka diri..?
na iraha rasa nu gumati ngancik ka diri..?

---------------


ke di sambung deui.......cag

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template