Sabtu, 15 Oktober 2011

BABAD KAWUNG BADUY

Babad Kawung Baduy

Naskah Kertas Eropa, berukuran 21,5 x 33 cm; Ukuran Sampul 21,5 x 33 cm; Ukuran Blok Teks 10,5 x 29,5cm. ; 9 halaman; 14-35 baris/hlm. Judul dalam teks: Babad Kawung Badui (h.1); Aksara Latin, Bahasa Sunda.

ISI TEKS: Uraian mengenai jenis-jenis Enau, cara menanam, berikut cara mengolah menjadi gula di daerah Baduy.


TRANSLITERASI:

Babad Kawoeng Badoej

(kadjerowan sareng kaloewaran)

[1]

Parijosyannana Raden Kandoeroewan Atmakoesoema wedana distriek Lebak ka wasta Sarmah djaro desya Kanekes djeung wasta Djasmah Tasiněm Taméng kokolot lěmboer Tjibeo djeung Djaéni kokolot lěmboer Kadoekětoeg desya Kanekes pihatoerna: --

Kaajaan kawoeng di dijeu tiloe roepa: --

no.1. Dingaranan kawoeng běněr roepana tangkalna gěde loehoer daoenna pandjang roebak, indjoekna kandel moengkoes tangkal, haroepatna gedé pandjang, leungeunna gědé pandjang.

no.2. Dingaranan kawoeng Saéran tangkalna leutik loehoer, palapahna pandjang, indjoekna ipis tepoeng, haroepatna leutik pandjang bobo leungeunna leutik pandjang, boewahna /tjaroeloek/ leutik.

no.3. Dingaranan kawoeng Banén, tangkalna leutik handap, indjoekna kandel djembet sarta leutik ngan oekoer nakop saroebakna palapah, palapahna pondok leutik, leungeunna leutik pondok.

Ari di dijeu (Kanekes) kawoeng henteu biasa dipelak aja kawoeng djadi oge asal tahi tjareuh baé, saha djělěma noe heula manggih

[2]

Toeloej ditjaangan di handapna sarta noe ngabogaan teu beunang diala koe sedjén djelema, sarta eta kawoeng tara dipindahkeun djeung tangkalna henteu dipiara.

Ari seboetanana kawoeng mimiti djadi diseboetna pětét di mana geus opat palapahna diseboetna tjoemangkok geus kitoe heuleut 10-12 taoen sakira tangkalna eta kawoeng geus teu ngagedéan deui diseboetna tjatjawénéan, ti dinja di mana geus bidjil bareng 4 poetjoek sarta papak djat jang ka loehoer diseboetna mepet, sanggeus mepek/t bidjil tongkol, eta tongkol kira-kira saboelan toeloej moeraj nja eta djadi langgari tjaroeloek.

Ari oemoerna kawoeng nepi ka bidjil tjaroeloek kira-kira koerang leuwih henteu djaoeh tina 20 taoen.

Tina bidjil tjaroeloek nepi ka bidjil leungeun Djeunah nja éta noe pangheulana djeung panghadéna disadap lilana ngan saboelan satengah.

Tina leungeun Djeunah kana bidjil leungeun Béngkel lilana 6 boelan, aja noe těpi ka sataoen oepama noe bentoet mah, sabab disadap djadi meunang gěring.

[3]

Ajeuna njaritakeun bab njadap.

Ari njadap di dijeu (Kanekes) atoeranana dua roepa:

no.1. njadap baris wajoe inoemeun woengkoel, kijeu atoeranana eta kawoeng di mana geus moeraj leungeun Djeunah satengah bulan oemoerna toeloej disigajan koe awi sarta ditaékan diboekaan palapah-palapahna eta kawoeng, dipasian dipitjeun tjangkangna eta leungeun Djeunah, sanadjan kawoeng handap, atawa ngaréndéng djeung kai oge koedoe make sigaj baé.

Geus kitoe toeloej ditinggalkeun, oemoer dalapan powé ti mentas dioméan toeloej ditéang deui ditinggaran lamoen ngoméannana powe Senen, ninggoerna ogé koedoe powe Senen deui datang ka tiloe kali Senen tilu kali minggoe.

Ari djadjawokannana kijeu:

Poen kawoeng kengkeng kawoeng bingkeng diteunggoer koe boedak kereng pakěrěng-kěrěng doek tjereleng-doek tjereleng-doek tjereleng.

Kakarak eta leungeun kawoeng dipeupeuhan /ditinggar/ koe paninggoer, naon baé kaina mah.

[4]

Ari geus anggeus dipeupeuh toeloej dipaoet eta leungeun kawoeng bari diajoenkeun tiloe kali, kijeu djangjawokannana:

Itoe laoet ijeu dano. Tiloe kaliannana ngajoenkeun. Geus kitoe toeloej ditinggalkeun deui.

Ari geus meunang tiloe Senen ditéang deui, toeloej dihajar dipotong leungeunna koe gobang /bedog/ anoe seukeut toeloej dipokok, diboengkoes koe daoen tjariang di djerona dieusian koe palapah salémpak beunang ngabebek. Geus kitu ditinggalkeun deui.

Ti dinja oenggal isoek soré ditéang sarta dikeureutan oenggal-oenggal néang dioelasyan koe palapah solempat noe beunang ngabebek téa.

Lamoen geus tjaian/lahangan kakara disadap/ditandean koe lodong awi/lamoen teu tjaian di djero dalapan powé dipitjeun baé. Ari lodongna noe dipake nandean di djerona make laroe koelit sjajoer.

Ari néangna sapowe sakali oenggal wantji tengah powé.

[5]

Lodongna henteu dibawa, dieurihkeun baé kana kemploeng /lodong pondok/ anoe geus dibakoekeun geusan neang eta sadapan wajoe.

Lebah dinja eta lahang dingarannan wajoe, nja eta lahang noe geus semoe haseum, woengkoel inoemeun, oerang Kanekes Kadjerowan [Badoej Djero] hanteu kongan ngagoela, sabab boejoet/ tjadoe/.

2. Di Kanekes kaloewaran meunang ngagoela atoerannana ninggoer atawa magas saroewa baé djeung noe geus kaseboet di no. 1 ngan ngalana lahang 2 kali, nja éta isoek-isoek djeung soré, sarta lodongna diganti-ganti tapi dina 3-4 kali ngala eta lahang tara ditaheur diinoeman bae karana tatjan réa lahangna sarta lodongna henteu dipoepoet. Di mana geus djoeoeh lahangna toeloej lodongna dipoepoet heula atawa dikoengkoerahan koe tjipanas djeung makae laroe daoen moro beunang ngagélang saban isoek-soré eta lahang djeung lodongna dibawa ka imah toeloej ditjitjikeun kana kekentjeng

[6]

Pangnaheuran dina liang hama toeloej diseuneuan. Ari lodongna toeloej dikoengkoerahan koe tjai. Sanggeus bersih toeloej dipoepoet atawa dikoengkoerahan koe tjipanas di mana rek dipake nandean deui lahang djadi sateroesna kitoe baé.

Ari moepoetna lodong koedoe tepi ka haneut sarta bidjil kesangna oepama koe tjai panas mah soepaja lantis baé dikoengkoerahannana, djadi dina hidji leungeun kawoeng sakoerang-kaoerangna koedoe aja 2 lodong awi baris baganti nandéan sore isoek.

Ari lilana dina hidji leungeun Djeunah anoe hade disadapna nepi ka saboelan.

Tapi anoe goréng mah ngan oekoer 8 powe geus saat. Kitoe deui lahangna dina saban-saban powé hanteu angger reana.

Djadina goela dina hidji leungeun Djeunah noe hadé ngan meunang 60 hoeloe gedé /120 batok/, dikira saroewa djeung 120 hoeloe noe biasa di sedjen desya, sabab di Kanekes kaitoeng kawoeng dina leuweung sarta henteu dipiara

[7]

Djadi kawoengna hapa. Ana kawoengna goréng mah ngan oekoer meunang 10 hoeloe / 20 batok/.

Di Kanekes tara njadap tjoeroeloek sabab langka anoe djoeoeh tjaina – di mana geus njadap Djeunah, ngadago bidjilna leungeun Béngkél baé di mana leungeun Béngkél geus sěděng disadap toeloey njadap leungeun Béngkél baé atoeran migawéna atawa magasna saroewa baé djeung migawé leungeun Djeunah. Tapi tjaiannana dina hade ogé ngan oekoer 8 powé. Ari dina goréng mah ngan 2-3 powé baé.

Djadina goela dinoe hadé hidji leungeun Béngkél ngan meunang 20 hoeloe, (40 batok), ari dinoe goréng mah 4-5 hoeloe baé.

Djadi beubeunangannana dina hidji tangkal kawoeng diitoeng rata:

a. tina Djeunah 35 hoeloe

b. tina Bengkel 12½ hoeloe

Djoemblah 47½ hoeloe

Hargana salawasna tetep dina sahoeloe doewa doewit, sabab goelana hideung sarta kotor, djadi dina hidji tangkal kawoeng ngan meunang 47½ hoeloe [95 batok].

[8]

hargana 95 doewit.

Ari atoeran noeroenkeun lodong tina loehoer kawoeng salawasna disorendang baé kana taktak toeloej dibawa ka imah lahangna ditaheur dina kekentjeng [katil] oepama lahangna geus ngagolak bidjil boedak diseboetna roewab kembang /boedak bohong/.

Ari geus bidjil boedah anoe bodas semoe lemes diseboet goemaah.

Ari geus beukah boeboerijalan diseboetna tjatjaahan.

Ari geus pepeletoesyan sarta ana disioek-sioek semoe ngenja diseboetna roemamat, toeloej dipépés koe moentjang. Oepama teu aja moentjang koe geutah hambérang di mana geus saloehoer toeroet sisina toeloej didjait dikotjek ari geus srék-srékan toehoer toeloej dibatokan [ditjitak] kana batok.

Ari oemoerna kamoengkinan entas disadap nepi ka paéh gantjangna sataoen, elatna sataoen satengah sabab lamoen eta tangkal kawoeng dina tempat tedoeh eta rada lila oemoerna nja eta tepi ka sataoen satengah.

[9]

Ajeuna njaritakeun tangkal kawoeng sakabéh ogé aja gawena (hasilna) tapi di dijeu Kanekes tina tempat leuweung réa kai djeung tara oedoer (?) anoe sok diala ngan:

no.1. Indjoekna dipake woewoeng djeung rangkep hateup imah

2. haténa didjieun sagoe.

3. hoemboetna ditareda.

4. daoenna didjijeun tjajoet, nadah heutjak paré.

5. njéréna didjijeun boeboe.

Diparijos koe poen

Wedana distric Lebak

/… / Atmakoesoema

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template