Rabu, 23 Juni 2010

Kaulinan barudak sunda - Endog endogan

Endog-endogan nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.

Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoléangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan. Kawihna siga kieu : "Endog endogan….endogna peupeus hiji..pré". Mun nyubut pré langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu ditemprakeun anu paling handap tuluy sampé kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui siga kieu "goléang goléang bapasatar buleneng" bari handapeun mata barudak sok silih dibéyéng kahandap ku sorangan.

0 komentar:

Posting Komentar

Untuk perbaikan blog dimohon untuk meninggalkan pesan dibawah ini

 

My Blog List

Site Info

Abc
DESA KERTAHAYU Copyright © 2009 Blogger Template Designed by Bie Blogger Template